Thursday, March 23, 2017

CARITA RAKYAT MASYARAKAT SUKABUMI

Gununglingkung jeung Cicurug Pamerangan
Gunung Lingkung ayana di kaléreun Jampang Kulon, kiduleun Léngkong. Dina taun 1930-an nepi ka taun 1942, Gununglingkung  masih kénéh leuweung geledegan nu pinuh ku tatangkalan baradag tur raweuy ku areuy. Kiwari loba tangkal baradag tinggal tunggul balas dituaran ku jalma. Padahal saéstuna masarakat Jampang Kulon mikabutuh Gununglingkung. Naon sababna?
Subur makmurna Jampang Kulon gumantung Gununglingkung. Sawah nu aya di Jampang Kulon caina ti wahangan nu ngamalirna ti Gununglingkung. Ieu cai ngamalirna ka belah kidul, nya éta ka Cikarang jeung Ciwaluran. Ciletuh ngamalirna ka belah kulon nyaian sawah nu aya di Ciwaru, Ciemas.
Wahangan nu aya di beh kalér ngamalirna ngaliwatan Kacamatan Léngkong nu brasna ka sagara kidul nya éta; wahangan Ciléngkong, Cikalér jeung Cikaso. Ciléngkong jeung Cikalér bobojongna di Cikaso. Sok sanajan di hilireun Cikaso caina teu diamalirkeun pikeun nyawah, tapi loba méré manpaat pikeun masarakat Jampang Kulon. Harita mah di wahangan téh loba laukan, malah buhaya ogé nyampak, malah saupama meunang buhaya, kulitna téh sok diala tuluy dijual ka Jakarta. Harita Wahangan Cikaso digunakeun keur jalan cai dina ngangkut hasil bumi ti Muara Gedé nu dijualna ka tempat séjén.
Hanjakal, kiwari Gununglingkung geus gunul balas dituaran ku jalma, balukarna karasa pisan ku masarakat nalika nyanghareupan usum halodo. Dina taun 1976, kungsi wahangan saraat tug nepi ka ratusan héktar sawah nandangan kagaringan.

Anu bakal dicaritakeun didieu nya éta Gununglingkung jeung daérah disabudeureunana dina taun 1930-an.
Mangsa harita, méh unggal masarakat di Jampang Kulon, boh budak, boh kolot tangtu nyaho kana cacandran (ramalan) Gununglingkung. Nalika kolot keur ngariung ngawangkong dina hiji patempatan, ti éta tempat téh katempo sakuliahna. Tangtu aya nu nyarita, “Éndahna Gununglingkung. Barudak, numutkeun cacandran, itu leuweung nu ku urang katempo, hiji mangsa mah bakal dijadikeun tempat pangungsian sarta tempat keur panyumputan. Lamun éta kajadian henteu kaalaman ku urang, nya bisa ku anak incu kahareupna. Pokona masarakat Jampang Kulon. Éta kajadian bakal karandapan, saupama Jampang Kulon dijadikeun tempat perang, sarta saupama Jampang Kulon kadatangan musuh. Teuing saha musuhnana mah.”
Jampang Kulon katelah ogé Cicurug Pamerangan, sabab numutkeun cacandran jaganing géto ieu tempat bakal jadi lahan perang. Pamerangan asal tina kecap perang nu hartina diadu hiji kakuatan nagara jeung nagara séjén sarta ngagunakeun sagala akal jeung pangabisa.
Saupama ditanyakeun saha nu ngamimitina ngucapkeun ieu cacandran, dijawabna, “Cacandran mimitina ti karuhun, geus aya ti baheulana. Geus wé, urang mah teu kudu nanyakeun timana jujutanana”
Nalika Walanda ngalawan Jepang dina perang dunya ka dua. Sok aya jalma anu nyarita kieu, “Sigana ayeuna Cicurug bakal dipaké tempat perang, jeung urang bakal ngungsi ka Gununglingkung. Moal henteu Jepang téh datangna ti béh kidul. Boa jepang bakal asupna ti Ujung Genténg?”
Tapi nepi ka Walada nyerah ka Jepang, nepi ka Jepang asup ka Jampang Kulon, malah nepi ka ngarakrak ka laut kidul, tapi gening taya kajadian nanaon. Maksudna masarakat tetep cicing di tempatna séwang-séwangan. Teu buktina éta cacandran, ngabalukarkeun sawaréh jalma mimiti leungit kapercayaan kana éta cacandran. Tapi aya ogé anu nétélakeun, “Yén tacan nepi kana ugana.”
Kira-kira dina taun 1943, di Jampang Kulon loba tantara Jepang. Harita Jampang Kulon dijadikeun daérah pertahanan militer. Di béh kidul, di Gunungbatu, diwangun bénténg anu dilengkepan ku radar nya éta ayana di tapel wates antara Kacamatan Jampang Kulon jeung Suradé. Éta tempat digunakeun  ku tantara Jepang pikeun nyanghareupan musuh, saupama datangna ti sagara Kidul.
Aya saregu heiho di puncak Pasirpogor, nu ayana ditengah-tengah dayeuh Jampang Kulon. Anu katelah heiho kansiso (pengawas). Pancénna nya éta nempoan kaayaan di sabudeureun Jampang Kulon, bisi sawaktu-waktu aya nu nyusup. Ti Pasirpogor éta, saupama nempo ka belah kidul tangtu bakl ketempo sagara kidul, sarta saupaama nempo  ka bélah wéta tangtu bakal katempo Gununglingkung.
Di Suradé nyampak sabatalyon tantara Péta nu dipingpinna ku Daidanco Abdullah bin Enoch ti Cianjur. Ku ayana pertahanan samodél diluhur, mimiti aya deui kapercayaan masarakat kana éta cacandran nu méh leungit kapopohokeun. Tapi sanggeusna lila ngadagoan, nepi ka Jepang di éléhkeun ku Sekutu dina taun 1945, nepi ka dibubarkeunana Péta ti Suradé, sarta nepi ka  ingkahna tantara Jepang ti Jampang Kulon, angger wé taya kajadian nanaon.
Dina taun 1945-1946 urang Jampang Kulon geus poho kana cacandran tadi, sabab geus méh sabaraha kali sangkaan teu meneran waé.
Dina taun 1947, pertahanan antara Sukabumi – Cianjur jeung Sukabumi – Bogor bobol. Tantara urang kapaksa ngungsi ka tempat nu nyingkur malah mah nepi ka Jampang Kulon, ka deukeut sagara kidul. Tantara Walanda angger ngudag, tug nepi ka tantara Walanda ogé nepi ka Jampang Kulon.
Harita di Jampang Kulon geus pinuh ku tantara pajuang Republik Indonesia. Salasahiji pamingpina nya éta Brigadir Jéndral Saptaji. Harita perang lumangsung di éta Curug Pamerangan, ieu kajadian kayaning nu disebutkeun cacandran di luhur. sanggeusna kajadian harita, masarakat Jampang Kulon inget deui kana cacandran jeung tumuwuh deui kapercayaan kana cacandran Cicurug Pamerangan jeung Gununglingkung.
(Ahmad Kudsi)

Cikaranggeusan

Cikaranggeusan nya éta ngaran hiji wahangan anu ngamalirna ti Jampang Kulon ka Suradé. Numutkeun cacandran kolot baheula, naha ieu wahangan ngaranan Cikaranggeusan, sabab cenah hiji mangsa ieu wahangan bakal ngamalirkeun cai ka sawah nu aya di daérah Suradé. Cikarang nuduhkeun wahangan; geusan = pikeun. Jadi Cikaranggeusan hartina Cikarang pikeun ……..pikeun saha? Nya éta pikeun nyaian sawah di daérah Jampang Kulon jeung Suradé.
Ayeuna urang guar carita Cikaranggeusan
Dina ping, 17 agustus 1967 di alun-alun Kacamatan Jampang Kulon diayakeun lawungan ku pamaréntah jeung rahayat Jampang Kulon anu diluuhan ku Pa Bupati Sukabumi harita, nya éta Pa Kudi. Udagan tina éta rapat nya éta: nangtukeun bakal dimimitiana nyieun irigasi di daérah Cibeureum nepi ka Cikaranggeusan.
Dina taun 1968 -1969 sawaréh masarakat Jampang Kulon jeung Kacamatan Suradé, babarengan migawé éta irigasi. Mimiti nu dipigawé masarakat nya éta ngaratakeun tanah jeung nyieun jalan anu legana 3 nepi ka  4 méter. Satuluyna, ieu pagawéan dipilampah ku PT. Pestadarma, nu antukna ti Cibeureum cai ngamalir ka Cikaranggeusan. Ti baheula Cibeureum téh caina ditambah ti Ciseureuh. Jadi saéstuna cai anu ngamalirna jadi hiji nya éta cai ti: Ciseureuh, Cibeureum, Cinguluwung jeung Cikaranggeusan nu atukna ngamalir ka Kacamatan Jampang Kulon. Nepi ka di Jampang Kulon dijieun sababaraha pintu air. Éta cai ngamalirna aya nu ka béh kulon, ngaliwatan wahangan Ciawi, nu brasna ka Perkebunan Cijambé tuluy ka Wahangan Cikarang. Di hilireun Cikarang aya irigasi ka Désa Citanglar. Di éta tempat cai ngamalir ka tilu désa nu aya di Kacamatan Suradé.
Tina pedaran ti luhur, kabukti ngeunaan hiji cacandran Cikaranggeusan éta.
(Radén Umar Basar)

Kadaleman

Ngaran Kadaleman nya eta nudukeun kana ngaran lahan tanah tegal nu lega di Pasiripis, Suradé. Naon pangna dingaranan kitu? Ieu ogé aya cacandrana, nya éta cenah mah jaganing géto ieu tempat bakal jadi tempat padumukan dalem (dalem nya éta sesebutan pikeun bupati baheula).
Saméméh perang dunya ka dua Kadaleman mangrupa leuweung geledegan nu pinuh ku tangkal baradag, kayaning tangkal ara, caringin jrrd. Dina taun 1942 nu miboga tempat panglegana di sakuliah Kadaleman nya éta lain masarakat satempat. Mangsa harita Kadaleman katelahna tanah gg (gouvernements grond = tanah pamaréntah).
Lahan béh kidul Padamelan nya éta tanah rahayat. Nu sabagéan lahana geus jadi pasawahan. Éta sawah ngan saukur dipelakan saupama dina usum hujan hungkul. Ieu tempat kaliwatan ku jalan provinsi nu brasna ka Ujung Genténg. Sawaréh tanah di ieu tempat dipelakan ku séréh wangi. Harita mah di dieu tacan loba imah, karak sababaraha hiji suhunan hungkul, diantarana imah mandor kebon nu ayana ditungtung jalan, ngarana nya éta pa Marta, nu kiwari geus pensiun tina Kepala Penerangan Kacamatan Ciemas. (mangsa harita).
Mangsa jaman Jepang, kebon séréh ieu dijadikeun bénténg pertahanan Jepang. Di belah kidul kebon séréh aya perkebunan Cigebang, tapi geus ditutup. Ditutupna éta pabrik téh ngabalukarkeun para buruh parindah ka tempat séjén. Buruh kebon lolobana urang Jawa Tengah jeung Jawa Timur, di éta tempat meranéhna meuli tanah nu satuluyna dijadikeun sawah, kebon kalapa jeung réa deui. Tangkal kalapa nu ku maranéhna dipelak tuluy disadap keur bahan gula, nu hasilna katelah gula kalapa. Ti harita maranéhna nyieunan gula kalapa, nu atukna jadi pausahaan rahayat, dina sapoéna bisa ngahasilkeun rata-rata sapuluh ton.
Sanggeusna Suradé miboga tambahan irigasi cai, masarakat ogé bisa ngagarap sawah nepi ka dua kali dina sataun. Padalah saméméhnana mah ngan sataun sakali. Lian ti nyawah aya ogé masarakat nu ngebon palawija, miara lauk, manila, doma, embé jeung sajabana.
Kiwari urut kebon séréh téh geus pinuh ku imah. Malah di geus aya SD inpres, gedung kesenian, pasar, toko-toko, jeung tempat panggilingan paré. Atukna ieu daérah pinuh ku wangunan nepi ka belah kidul. Caritana ieu patempatan geus jadi dayeuh, padahal saméméhnana mah tegal nu taya imah sarta pangeusina. Kiwari kaayaanna geus robah, atukna harga tanah ogé jadi milu mahal.
Lian ti éta, masarakat satempat miboga penghasilan séjén nya éta tina agar-agar nu dialana nalika usum halodo. Masarakat kari daék inditna ka laut, tangtu nyampak agar-agar anu kawilang loba, malah bakating ku loba éta agar-agar bisa dikirimkeun ka kota jeung ka luar negri sagala.
Baheula di béh kuloneun Kadaleman, deukeut Cikarang, aya hiji kulah tempat ngubangna munding, nu katelahna Dungus Balingbing. Kiwari ieu tempat geus  diimahan pikeun kulawarga AURI. Aya nu nyarita yén kecap balingbing dina dungus “balingbing” hartina lain nuduhkeun kana ngaran buah, tapi singkatan anu miboga harti baling-baling. Jadi dungus Balingbing téh hartina nya éta tempat baling-baling.
Masarakat harita neundeun harepan nu gedé pisan ka alam sabudeureunana. Harita mah upamana cai teu ngalir alatan kapenetan, tangtu diréngsékeun sacara babarengan.
Salian dina hal tatanén, di Jampang Kulon ogé nyampak bahan – bahan tambang, upamana:
1.      Titanium, di Desa Cipeundeuy
2.      Asbes bodas jeung hideung di Desa Cikangkung
3.      Emas jeung timah di Ciemas jeung Lengkong

Nempo ayana kamajuan saperti nu ditétélakeun di luhur, cacandran ngeunaan Kadaleman kacumponan ogé. Sok komo nambahna sababaraha Kemantrén di Kewadanaan Jampang Kulon (harita), nu bakal jadi kacamatan-kacamatan. Upamana kamantrén Kalibunder di Kacamatan Jampang Kulon, hiji kamantrénan di Ciemas, jeung hiji Kamantrénan di Kacamatan Suradé.
(Radén Umar Basar)
                                                                       
Cicurug Pamerangan

Jampang Kulon, ayana kurang leuwih 90 km béh kidul Sukabumi. Jampang Kulon katelah ogé Cicurug Pamerangan, ieu ngaran nyoko kana ngaran hiji wahangan nu teu jauh ti ieu tempat nya éta Cicurug Pamerangan. Hulu cai ieu wahangan ayana di kaléreun Jampang Kulon, nu bijilna tina batu kapur dihandapeun hiji tangkal badag.
Di tonggoheun ieu hulu cai aya hiji makam nya éta makam Embah Bungsu, inyana salasaurang tina opat sadulur nu ngababakan Jampang Kulon, nu asalna ti Imbanagara. Cenah ceuk béja Embah Bungsu téh miboga kasaktén, diantarana nya éta:
Dina hiji poé, nalika inyana jeung para pangikutna rék meuntas wahangan nu keur caah. Harita taya rawayan pikeun meuntas. Inyana cukup ku salamar benang kantih pikeun nyieun jamatan nya éta kucara nalikeun benang kana batu, tuluy éta batu di babétkeun ka peutas wahangan. Sanggeusna kitu arinyana meuntas éta wahangan. Sanggeusna meuntas wahnagan, éta benang digolongan deui tuluy diasupkeun kana kantong.
Sanggeusna Embah Bungsu tilar dunya, makamna loba nu ngajiarahan. Malah numutkeun carita masarakat, yén  Abah Jampang anu katelahna jawara di Jakarta, kungsi tapa di ieu makam.
Sanggeus inyana balik deui ka Jakarta, mindeng inyana bulak-balik ka Jampang Kulon pikeun nyokot cai tina hulu cai pikeun dijual ka jalma nu percaya kana hasiatna. Cenah éta cai téh cai karamat.
Cai ti Cicurug ngamalir ka béh kidul. Di hilirna di jieun bendungan pikeun nyaian sawah nu aya di Jampang Kulon. Kira-kira ti hulu cai jauhna 1-2 km, aya hiji surupan (cai wahangan asup kana hiji liang nu kaluarna di tutugan gunung sabeulahna deui), nu ngarana Surupan Badak. Cenah baheulana ieu tempat sok dipaké guyang badak (taneuh nu legok urut guyang badak disebut kubang), saperti anu geus ditétélakeun di luhur, yén Jampang Kulon baheulana mah mangrupa leuweung geledegan.
Éta wahangan dingaranan Cicurug Pamerangan nya éta ku sakur masarakat Jampang Kulon hungkul, sabab urang Suradé mah nelaha Cipamerangan. Di Suradé ieu wahangan jadi ngabadagan, sabab geus deukut ka laut. Tapi sok sanajan kitu ieu cacandran tetep kayaning di Kacamatan Jampang Kulon.
(Ahmad Kudsi)

Cibeureum

Ieu cacandran kiwari geus kabuktian, nya éta nalika tantara Walanda asup ka Jampang Kulon kira-kira dina taun 1947. Dina mangsa harita perang téh lain perang anu leutik, sabab teu réngsé dina hiji nepika dua bulan. Para pajoang mundur ka desa Cimanggu meuntas Wahangan Cibeureum.
Cibeureum nya éta hiji wahangan anu ngamalirna di desa Cimanggu, ti béh kalér ka bélah kidul. Ieu wahangan teu gedé, ngan leuwih gedé saeutik ti batan wahangan Cicurug Pamerangan. Numutkeun cacandran naon pangna disebut Cibeureum, sabab jaganing géto dina hiji mangsa éta caina bakal jadi beureum ku getih. Carita nu ngabuktikeun ieu cacandran bakal dipedar ieu dihandap.
Numutkeun carita ti jalma nu ngalamana sorangan, nya éta Nuryani salasaurang patani di Jampang Kulon. Mangsa pajoang urang mundur, manéhna tetep cicing di tempat pendudukan sarta ilubiung ngabantuan para pajoang harita.
Dina hiji poé Nuryani ngalongok dulurna, nya éta salah saurang pamingpin pajoang, nu harita keur nandangan gering di daérah nu keur di bajuagkeun, nu ayana di peuntaseun wahangan Cibeureum. Mangsa janari inyana balik. Nepi ka sisi wahangan téh masih kénéh poék. Mimiti mah leumpang téh sangeunahna wé, teu nelek nelek nu aya di sakuliahna. Nalika poé geus rada caang, kakarak inyana sadar yén titatadi téh inyana leumpang diantara layon rahayat jeung para pajoang nu ting golepak, nu dipaéhan ku Walanda nalika ngayakeun pemberesihan kampung-kampung dina mangsa gencatan senjata.
Tah, bisa jadi tina getih para pajoang jeung rahayat ieu nu ngabuktikeun cacandran, yén cai Cibeureum jadi beureumna téh tina getih.
       (Ahmad Kudsi)

A.    Hikayat/Tokoh
Pasaréan Embah Cigangsa
Cigangsa nya éta ngaran hiji kampung nu aya di béh kuloneun Kacamatan Suradé. Pangna dingaranan Cigangsa sabab ayana deukeut jeung wahangan Cigangsa. Ieu kampung ayana desa Jagamukti (baheula).
Nalika pamaréntahan Walanda, di béh hilir wahangan Cigangsa, dijieun hiji bendungan. Caina digunakeun pikeun nyaian sawah anu aya di Kacamatan Suradé. Kusabab caina kurang, satuluyna ditambah ku cai ti Cikarang.
Di Cigangsa aya hiji makam, nya éta makam Embah Santri Dalem, nu kiwari katelahna Embah Cigangsa. Embah Santri Dalem nya éta saurang bangsawan Imbanagara nu nepi ka Jampang Kulon bareng jeung Surawijangga nu geus dicaritakeun dina sajarah Jampang Kulon. Mimiti jeung dulurna, inyana ngumara  ka Cicurug Pamerangan. Tuluy inyana dumuk di Cigangsa. Inyana milih ieu tempat sabab tanahna subur. Sanajan daérahna aya di pasir tapi teu kakurangan cai sanajan dina usum halodo. Atukna ieu tempat di jadikeun sawah jeung kulah pikeun miara lauk.
Embah Cigansa ngababakan di ieu tempat tuluy dumuk di ieu tempat tug nepi ka tilar dunyana. Nepi ka kiwari loba jalma nu jarah ka makamna. Tujuan jalma anu daratang ka éta makam nya éta jalma anu miboga kahayang. Upamana: hayang meunang pagawéan, hayang naék pangkat, lamun tukang dagang hayang untung dagangna, jrrd.  Ieu kuburan dipiara ku saurang kuncén sacara turun tumurun. Ieu kuncén neundeun sababaraha barang pusaka milik Embah Santri Dalem jeung bojona, upamana: bokor, séndok dua, salamar kaén sarung sarta salendang, jrrd. Harita, ieu kuncén téh umurna geus kolot pisan, ngadanguna ogé geus rada ngurangan. Jenengan ieu kuncén nya éta ki Badra. Duka teuing katurunan sabaraha ti kuncén nu mimiti, nu asalna ti katurunan pengawal nu satia. Numutkeun Ki Badra barang pusaka éta miboga khasiatna séwang-séwangan, tapi hasiatna éta barang ngan saukur bisa didangukeun langsung ti Ki Badra sorangan.
Ceuk carita batur, Aki Badra téh salasaurang anu miboga kasaktén, diantarana nya éta: upama Aki Badra migawé sawah atawa huma biasana sok tipeuting sarta ku sorangan. Lamun saupama ditanya naon pangna barang gawé ti peuting, ngajawabna, yén tipeuting mah bisa ribeh baranggawé jeung teu ka ganggu ku panasna panon poé sarta ku sémah.
Conto nu séjén deui: lamun aya jalma ménta tulung pikeun newak munding nu masih kénéh linghas (harita mah munding téh biasana dikencarkeun, upama ditéwak téh nalika mundingna arék dipaké pikeun nyamut sawah hungkul), néwak ieu munding teu hésé pikeun Ki Badra mah. Kari muka baju atawa naon waé nu nyantél dina awakna, tuluy diteundeun ditempat anu sakirana bakal diliwatan ku munding. Lamun saupmana éta munding nepi kana éta tempat, tuluy cicing, tinggal kari nalian.
Jalma réa miboga anganggapan, kuncénna geus sakieu jagona, komo deui Embah Cigangsa. Meureun éta salah sahiji kasangtukang nu matak ieu tempat loba nu ngajiarahan.
       (Ukri Sumaatmaja)


Karangbolong
Lamun saupamana ngadéngé ngaran Karangbolong, nu bakal ka inget ku urang nya éta guha-guha nu ngahasilkeun sayang walét, nu kawéntar mahal hargana. Tah, Karangbolong nu bakal dicaritakeun didieu nya éta ngaran hiji tempat nu aya di basisir kidul Desa Cibitung, Kacamatan Suradé. Naon pangna ieu tempat dingaranan Karangbolong? Sabab disapaparat éta basisir aya karang anu barolong ka béh kidul nu jerona nepi ka mangpuluh-puluh metér, nepi ka jadi guha. Dina jero ieu guha loba pisan sayang walétna. Ieu sayang walét sok dialaan tug nepi ka jadi salasahiji pausahaan daérah Kabupatén Sukabumi.
Karang Bolong ayanan kurang leuwih 9 km ti Suradé. Didinya aya dua kuburan, nu biasana sok dijarahan sabab  dianggap karamat. Biasana nu jarah ka éta tempat nya éta jalma nu hayang meunang pagawéan, nu hayang gancang beunghar, jeung sajabana.
Numutkeun carita, kuburan anu ayana di béh kalér wanguna rada panjang nya éta kuburan  Éyang Martanagara nu satuluyna katelah Éyang Radé Martadilaga. Inyana nya éta salah saurang nu nyebarkeun Islam di Cibitung, Kacamatan Suradé. Tempat nu kungsi ku inyana dicicingan kiwari katelahna Karadénan, sabab Éyang Martanagara nya éta salah saurang Radén turunan ti Imbanagara, ieu ngaran ogé pikeun nginget jasana.
Kuburan anu hiji deui nya éta kuburan Embah Beureum, mangsa inyana kadinya masih kénéh ngagem agama Prebu (meureun agama Hindu)
Boh Éyang Martanagara, boh Embah Beureum dua-duana hayang jadi pangawasa didinya. Ku kituna arinyana sapuk pikeun ngadu kasaktén. Saha nu éléh kudu tunduk ka nu meunang. Arinyana ngadu kasaktén nya éta ku cara palila-lila tapa. Cara arinyana tapa nya éta juntai nyanghareupan laut. Lila ieu tapa nya éta dua taun.
Mimiti arinyana tapa, poé ka poé, minggu panggih minggu, bulan tepung bulan atukna tepung ka satauna. Harita Embah Beureum teu kuateun, nu atukna éléh. Sedengkeun Éyang Martanagara tapana nepi ka dua tauna, saperti nu geus ditangtukeun lilana tapa nya éta dua taun.
Sanggeusna kitu, Embah Beureum sumerah diri ngaku éléh. Satuluyna ieu Embah Beureum ngagem agama islam. Sanggeus arinyana tilar dunya, duanana di kuburkeun di Karangbolong.
Pikeun masarakat Karangbolong bisa ogé dijadikeun totondén. saupama karang-karang éta loba ngeclakeun cai, tangtu bakal masarakat nandangan panyakit bolongeun. (samodél patek). Panyakit anu teu cageur ku diobatan, ngan cageurna saupama nepi ka ugana datang.
            (Ukri Sumaatmaja)

Pasaréan Batukasur
Pasaréan Batukasur ayana di Gungunglingkung. Batukasur ieu katelahna ogé Tanjung atawa Kutajero, nu asupna ka Kacamatan Léngkong, kawedanaan Jampangkulon (harita). ieu tempat kurang leuwih 7 km ti kacamatan Léngkong, jalanna ka Perkebunan Mataram.
Kuncén éta makam harita mah nya éta Ama Juki. Numutkeun katerangan, ieu makam Ama haji Soléhnu kawitna ti Solo. Inyana miang ka Cirebon Girang sarta dumuk di Kampung Talaga. Didinya inyana katelah Embah Dalem Wirasuta. Teu lila didinya, tuluy inyana tilem. Aya deui di Limbangan Garut. Didinya ogé inyana teu lila, tilem deui. Ceuk béja inyana ka Sumedang ngagunakeun ngaran samaran Éyang Jaya Perkosa. Tapi cenah didinya ogé inyana teu lila, tuluy tilem deui.
Inyana gumelar deui di Jakarta, di kampung Gudang Bata. Teu lila didinya inyana tilem deui. Aya deui di Cipanengah, Sukabumi. Teu lila didinya inyana tilem deui satuluyna aya di Cikembar Kabupatén Sukabumi. Tidinya inyana tilem deui, tidinya taya nu apal kamana inyana indit. Ngan aya deui warta cenah inyana aya di Kutajero, disabudeureun Gunung Sunda, di Gununglingkung. Ngaran Gunung Sunda cenah dumasar kana ngaran Ratu Sunda nu kungsi nyieun pasanggrahan di éta tempat.
Di ieu tempat Éyang Jaya Perkosa baganti jadi Embah Térong Péot, Kandang Hapa, Boros Cobrang/Boros Kaso.
Di éta tempat aya hulu cai wahangan nu ngarana Cikaso. Bisa jadi éta ngaran dumasar kana ngaran Embah Boros Kaso.
Di Kutajero Embah Jaya Perkosa ngababakan sarta tatanén nya éta melak paré jsb. Didinya inyana baganti ngaran nya éta Ajengan Bélékéték. Tapi satuluyna inyana dipikawanoh jadi Ama Haji Soléh.
Mangsa harita inyana kungsi nyieun hiji wahangan, ku sorangan, satuluyna caina di ngamalirkeun ka béh kidul, nepina ka tempat anu kiwari ngarana Kalibunder, ieu wahangan nyagak ngurilingan tempat padumukanana. Meureun kitu ogé kasangtukangna dingaranan kalibunder. Sanggeus inyana tilar dunya, tuluy dimakamkeun di Batukasur. Nepi ka kiwari makamna loba nungajiarahan, sabab dianggap karamat.
(Ama Juki)

B.     Dongéng Sasakala
Sri Sekarwangi

          Kacaritakeun dina jaman baheula, aya hiji Raja nu jenenganana Radén Prabu Munding Giringan, nu dumukna di girangeun Situ Hiang atawa di Situ Gunung Tutugan Gunung Gedé Pangrango nu ayana di Kabupatén Sukabumi. Ieu Raja puputra tilu urang. Tilu dua lalaki sarta saurang awéwé anu pang bungsuna. Kacaritakeun, yén sadayana murangkalihna angkat tatapa, nuju nyaba élmu nyiar pangarti keur semabeheun ka Hiang Widi. Lian ti éta, ieu tatapa téh pikeun nangtukeun saha nu satuluyna bakal jadi raja. Kacarita geus mang taun-taun ieu murangkalih niggalkeun Situ Hiang, tapi éta palaputra sareng putrinana tacan kénéh mulang ka imah. Ieu hal jadi ngahariwangkeun Radén Prabu Munding Giringan.
          Hiji poé dina hiji bulan, salah sahiji murangkalih bungsu nu jenenganana Sri Sekarwangi balik ti patapaan. Bingah taya papadana Radén Prabu Munding Giringan, bisa dipanggihkeun deui jeung putrina. Papada sono anggang henteu tepang, jauh nu kalintang lamina. Cumarita ngalér ngidul ka sagara, tug nepi ka Sri Sekarawangi mikanyaho yén lanceukna tacan aya anu baralik deui ka Situ Hiang.
          Aya rasa nyaah ka nu jadi laceuk teug nepi ka kedal ucap badé néang dimana waé tempatna. Karak mah diamprokeun jeung nu jadi anak, ayeuna kudu ditinggalkeun deui. Radén Prabu Munding Giringan teu tiasa kukumaha mung widi jeung doa kasalametan.Widi geus aya dina diri, tekad geus nyampak dina taktak, rék ngajug-jug jalan mapay tempat tatapaan keur néangan nu jadi lanceuk.
          Kacaturkeun Sri Sekarwangi turun gunung ti Situ Hiang Situ Gunung, tutugan Gunung Gedé Pangrango, mimiti lalampahanana ka béh kidul. Di sajalaneun néangan lanceuk ieu Sri Sekarwangi ngadangu aya sora gumuruh tina hiji gunung. nalika di riksakeun ka éta tempat kasampak taya nanaon, nya tidinya  anjeuna supata “Jaganing géto, ieu tempat kudu dingaranan Gunungguruh”. Kiwari ieu tempat ayana di Kabupatén Sukabumi.
          Sri Sekarwangi nuluykeun deui lalampahan, nepi ka anjeuna tatapa dina hiji tempat. Nalika tatapa, kadéngé aya sora cai nu ngamalir. Ngarasa panasaran, Sri Sekarwangi hudang tina tapana tuluy ditéang éta sora cai. Sanggeuna kapanggih jeung di tempo gening lain wahangan badag tapi susukan anu caina leutik ari kadéngéna jiga  badag. Didinya anjeuna supata ”Jaganing géto ieu tempat kudu dingaranan Cisaat”
          Sanggeusna tidinya, ieu Sri Sekarwangi angkat deui lalampahan ny éta ka béh wétan. Nalika di jalan manggih tangkal cau kolé anu ngabérés dina sisi susukan, teras anjeuna supata “Jaganing géto ieu tempat kudu dingaranan Kolé Bérés, sabab loba cau kolé ngabérés”. Kiwari aya Kampung Kolébérés di Kacamatan Warudoyong.
          Ti dinya Sri Sekarwangi leumpang ka girangeun ieu susukan. Di girangeun ieu susukan, anjeuna manggih tangkal waru badag anu doyongna ka susukan. Nya tidinya anjeuna supata “Jaganing géto ieu tempat kudu dingaranan Warudoyong, sabab nyampak tangkal waru anu doyong.” nepi ka kiwari ieu tempat dingaranan Warudoyong nu ayana di Kacamatan Warudoyong. Tidinya anjeuna leumpang ka belah wétan, meuntas ieu susukan.
          Aya béja pa béja béja cenah Putri Sri Sekarwangi badé ajrek ka ieu tempat. Di ieu tempat loba sigung anu pasedek-sedek dina rawa, sabab hayang ninggali Putri Sri Sekarwangi. Sanggeuna éta kajadian, ieu tempat dingaranan Rawasedek.  Tidinya anjeuna lalampahan ka béh kalér. Di sajalaneun, ieu Sri Sekarwangi nempo aya aki-aki anu keur dieuk dina handapeun tangkal dua. Ieu tangkal dipageran ku awi sacangkéng. Nempo kitu tuluy Putri Sekarwangi nyampeurkeun éta aki-aki, tuluy nyarita.
          “Aki, dupi aki téh nuju naon?
          ”Nuju ngatosan ieu tangkal” walona éta aki-aki
          “Tangkal naon kitu ieu téh?” Ceuk Sri Sekarwangi
          “Nya éta abdi ogé teterang, ngan dipiwarang nungguan wé” Ceuk éta aki-aki.
          “Cing mana nempo buahna?” Ceuk Sri Sekarwangi.
          Sanggeusna nampa éta buah, ku Sri Sekarwangi buahna diangkat diakurkeun jeung sirahna. Bari ngakurkeun bari cumarita.
          ”Ieu buah kudu dingaranan sirah.. sirah... Ah teu pantes.” Ceuk Sir Sekarwangi bari nurunkeun ieu buah. Teu lila diangkat deui ieu buah téh sabari nyarita.
          “Ieu buah téh kudu dingaranan kepala... kepala.....kalapa...... tah gening éta pingaraneun ieu buah téh” ceuk Sri Sekarwangi sabari nurunkeun éta buah.
          “Geus, ieu buah ngaranan kalapa, sarta ieu temapat ngaranan Kebonkalapa sabab tangkal nu jadina lain hiji.” Ceuk Sri Sekarwangi.
          Kiwari aya tempat nu ngarana Kebonkalapa. Geus tidinya, anjeuna angkat deui lalampahan nya éta ka béh kalér. Di kalér, dina tangkal bunut loba aul. Aul ieu pabéja-béja yén Putri Sri Sekarwangi bakal ngaliwat ka éta tempat. Sora aul minuhan ceuli sakur nu ngadéngéna, ieu aul pabéja-béja jeul aul anu aya di Kebon Jati. Kiwari aya tempat nu ngarana Kebonjati jeung Ciaul. Di éta tempat Putri Sri Sekar wangi mendakan lanceukan nu ka tilu. (ngarana teu kasebutkeun, nu ngadongéngna geus poho)
          Sanggeusna lanceuk nu ka tilu kapanggih, Sri Sekarwangi lumampah ka bélah kulon. Nalika keur lalampahan Sri Sekarwangi anjog ka tempat nu loba batu. Didinya anjeuna tapa, teu lila kitu, lanceuk anu ka dua kapanggih, nya éta keur tatap dina sela-sela batu. (ngarana teu kasebutkeun, nu ngadongéngna geus poho). Di éta tempat Sri Sekarwangi supata, “Jaganing géto ieu tempat kudu dingaranan Selabatu. Kiwari aya tempat nu ngarana Selabatu.
          Sanggeusna lanceuk nu ka dau kapanggih, tuluy ieu Putri Sri Sekarwangi nuluykeun deui lalampahanana ka bélah kalér maksudna néang lanceuk nu ka hiji. Di kalér, anjeuna manggih lanceukna nu ka hiji. (namina teu kasebutkeun, nu nyaritana hilap). Ieu lanceukna nu ka hiji tatapa dina sela-sela tangkal bintinu. Di ilikan ieu tempat loba tangkal bintinu. Didieu Sri Sekarwangi cumarita ”Ieu tempat bintinu, ulah bintinu tapi bintana. Jaganing géto ieu tempat kudu dinagaranan Salabintana”. Kiwari, aya tempat ngarana Salabintana, nya éta di Kabupatén Sukabumi. Deukeut jeung tutugan Gunung Gedé. Tutup carita Prabu Munding Giringan Situ Hiang Situ Gunung Tutugan Gunung Gedé Pangrango.  

Sumber: Bapa Herman (88 taun)

Pakujajar di Gunung Parang
Ieu carita lumangsung kira-kira dina jaman rugrugna Pajajaran, nya éta nalika Pajajaran diserang ku Cirebon, Demak jeung Banten. Harita Sukabumi tacan katelah Sukabumi. Ieu tempat ayana di tutugan Gunung Gedé jeung Gunung Salak nu katelahna “Papanah Awatan Pagadungan”, nu aya dina pangawasa Pajajaran Tengah, wewengkon Bogor.
Mangsa Pajajaran digempur ku Cirebon, Demak, jeung Banten, daérah Pagadungan ogé teu luput diserang. Puseur Kabupatén Pagadungan ieu kira-kira ayana di daérah Gunung Walat (daérah Cibadak), baheula katelahna “Kadatuan” atawa “Kabupatian” Pamingkis. Nu jadi bupati atawa datu dina mangsa harita nya éta: Ki Ranggah Bitung, sarta bojona Nyi Radén Puntang Mayang.
Kadatuan Ranggah Bitung diserang jeung diduruk ku musuh, nepi ka ludes. Ranggah Bitung perlaya nalika perang ngalawan musuh nepi ka pangimeutan; harita Nyi Radén Puntang Mayang keur kakandungan. Pikeun nyalametkeun Nyai Radén Puntang Mayang, jaro (lurah) Kadatuan nu ngarana Ki Loa Kutud jeung istrina, Nini Tumpay Ranggeuy Ringsang, mawa Nyai Radén Puntang Mayang ngungsi mimiti ka Gunung Bongkok, nu ayana di daérah Cibadak. Didinya meunang katerangan ti Tutung Windu, yén Radén Puntang Mayang kudu di bawa ka Gunung Sunda, nu ayana di daérah Palabuhanratu.
Dumasar kana pituduh Resi Tutug Windu, Nyai Radén Puntang Mayang dibawa ku Ki Jaro. Di tengah lalampahan, kabeneran Ki Jaro panggih jeung saurang budak lalaki nu umurna 6-7 taun. Ditanya timana asalna. Tapi éta budak teu daék nyarita. Teu lila budak téh, yén manehna geus aya di ieu leuweung sabab aya nu mawa nalika kampungna diduruk musuh. Ki Jaro miboga kayakinan, yén ieu budak lain budak samanéa. Satuluyna ieu budak dibawa ngungsi babarengan.
Harita Gunung Sunda masih kénéh leuweung geledegan. Di pangungsian di Gungung Sunda, Ki Jaro ngurus jeung nalingakeun Nyai Radén Puntang Mayang. Nepi ka mangsana Nyai Radén Mayang Puntang ngababarkeun budak awéwé, nu geus gedéna dibéré ngaran Nyai Arum Pundak Saloyang atawa numutkeun versi Sumberwangi nu katelahna Nyai Radén Pundak Arum. (pudak= kembang jaksi; Arum = deungit; pudak arum=kembang jaksi nu seungit).
Budak anu harita meunang panggih di jalan ogé sarua di urus ku Ki Jaro dipikanyaah sakumaha mistina. Sanggeusna gedé éta budak lalaki  dibéré ngaran Wangsa Suta.
Kusabab Nyai Arum Pudak Saloyang jeung Wangsa Suta hirup  jeung digedékeun di tempat anu sarua, atukna aya rasa nu tumuwuh antara duanana. Cindekna ieu jajaka jeung wanoja meungkeut tali asih.
    Sok sanajan tali asih geus dibeungkeut jeung Nyai Pudak Saloyang, Wangsa Suta miboga kahayang pikeun nyuprih pangarti heula. Sanggeusna meunang ijin ti Ki Jaro, Wangsa Suta miang leuleuweungan.
Lalampahan Wangsa Suta ka béh kiduleun Gunung, deukeut daérah Cikembar. Didinya Wangsa Suta panggih jeung saurang Resi, ngarana Saradéa. Sanggeusna ditarima jadi murid. Wangsa Suta diajarkeun élmu pangaweruh, élmu kasaktén, élmu bangunan, élmu perang, jsb.
Resi Saradéa talatah ka Wangsa Suta, yén saméméh Wangsa Suta kawin jeung Nyai Pudak Saloyang, manéhna kudu nyieun heula lembur. Éta lembur ayana di tempat  nu aya tangkal kiara kembar, nya éta ayana di Gunung Parang. Mimitina ngabuka leuweung nya éta kudu ditempat paku jajar ngadahan lima, tempatna déngdék ka béh kidul, di tegal kolé nu dauna wungu jeung rupa kembangna héjo. Sanggeuna éta témpat kapanggih tuluy wangsa Suta muka lahan pilembureun atawa ngababakan di tempat tegal kolé.
Teundeun carita ngeunaan Wangsa Suta, ayeuna urang téang lalampahan Nyi Pundak Saloyang.
Geulisna Nyi Pudak Saloyang kawéntar kamana-mana, tug nepika loba gegedén nu mikahayang pikeun jadi pamajikanana. Hiji mangsa datang utusan ti Demang Sukamukti nu mancén gawé keur ngalamar Nyi Pudak Saloyang pikeun jadi selir. Ki Jaro jeung Nyi Pudak Saloyang teu bisa kukumaha. Saéstuna lamaran téh geus di tolak ku Nyi Pudak Arum, tapi Nyi Pudak Arum dipaksa.
Ngarasa dipaksa, Nyi Pudak Arum teu narima, atukna gelut jeung éta utusan. Nyi Pudak Arum nya éta wanoja anu sakti. Nalika diserang ku utusan tadi, éta keris utusan dipelengkung-pelengkungkeun ku leungeuna malah mah nepi ka rék potong sagala. Nempo kitu, éta utusan ngarasa éra. Tapi atukna Nyi Pudak Arum bisa ditéwak ogé sarta dibawa ka Demang Sukamukti.
Nalika arék malem panganténan, dadakan éta demang tilar dunya, tug nepi ka Nyi Pudak Arum salamet jeung tetep kajaga parawanana. Geulisna Nyi Pudak Arum kadéngé deui ku gegedén beunghar di Padabeunghar. Ieu tempat dingaranan Padabeunghar, meureun baheulana loba baleunghar nu cicingna di éta tempat. Kajadian diluhur ogé lumaku ka ieu gegedén, manéhna tilar dunya saméméh malem panganténan.
Aya deui jalma beunghar nya éta Ki Puru Sastra anu kahasil migarwa Nyi Pudak Arum, tapi saméméh panganténan, ieu Ki Puru Sastra dadakan tilar dunya.
Geus kitu, ieu béja ngeunaan NyiPudak Arum kadéngé ku saurang haji di Centayang, nya éta Haji Ijamalil. Manéhna miboga pamajikan kurang leuwih aya kana 20 urangna. Dina danget harita manéhna geus jadi haji, sabab geus asup Islam. Nalika Haji Ijamal’al rék ngalamar Nyi Pudak Arum,di tengah jalan manéhna kasamer gelap tug nepi ka tilar dunyana.
Kitu jeung kitu wé satuluyna, unggal lalaki nu hayang mikagarwa Nyi Pudak Arum tangtu tilar dunya saméméh malem panganténan. Hiji mangsa ieu warta ngeunaan Nyi Pudak Arum kadéngé ku demang Kartala, inyana nya éta demang ti Mangkalaya nu ayana di daérah Ciaat Sukabumi. Radén Kartala miboga penasehat, nya éta urang jawa nu ngarana Sakatana. Ngadéngé aya wanoja nu mawa cilaka, Sakatana cumarita “ Leuwih hadé ieu awéwé urang paéhan waé”.
Ceuk Kartala “keun waé, urang pasrahkeun waé ka Sultan Demak”.
“ Lamun ku urang dibaktikeun ka Sultan Demak, pasti urang Demak bakal nyiduhan urang,” ceuk Katana.
Singkat carita Nyi Pudak Arum beunang tug nepi ka leungeuna diborogod, maksudna ieu Nyi Pudak Arum téh arék dipaéhan kucara dipengal. Teundeun ieu carita, ayeuna urang sampeur lalampahan Wangsa Suta.
Harita Wangsa Suta keur ngabukbak lahan (ngababakan) pikeun nyieun lembur di Gunung Parang. Dina hiji waktu nalika Wangsa Suta keur saré, dadakan manéhna ngarasa teu genah haté jeung pikiran. Tuluy manéhna ka luar, miang lumampah tug nepi ka anjog ka daérah Cisaat. Kabeneran Nyi Pudak Arum harita téh arék dipengal beuheunna kalayan paréntah Demang Mangkalaya. Nalika bedog rék nepi kana beuheungna Nyi Pudak Arum, gancang Wangsa Suta nyalametkeun bari ngaharéwos, “Dagoan di Gunung Parang, dihandapeun tangkal pakujajar nu miboga lima dahan. Didinya aya tempat nu keur dibabakan ku kuring. Dagoan didinya.”
Sanggeusna Wangsa Suta ngaharéwos kitu. Manéhna ngadu jajatén jeung salah saurang algojo. Nalika keur ngadu jajatén kitu, manéhna teu apal yén Nyi Pudak Arum téh ditéwak deui ku lagojo séjén. Nyi Pudak Arum diborogod tuluy diasupkeun kana karung, tuluy luhurna dibeungkeut sangkan teu kabur. Sanggeusna dikarungan, éta Nyi Pudak Arum dibawa ka Pulau Putri nu ayana di teluk Jakarta.
Nalika Wangsa Suta ngadu jajatén, inyana miboga sangkaan yén Nyi Pudak Arum téh geus nepi ka Gunung Parang. Sanggeuna ngéléhkeun éta algojo, geuwat Wangsa Suta ngajugjug ka Gunung Parang, saggeusna nepi, gening Nyi Pudak Arum teu nyampak di ieu tempat. Ninggali kitu, kapaksa Wangsa Suta nyauran Resi Saradéa nu jadi guruna. Sabenerna, sanggeusna Wangsa Suta miang ka Gunung Parang. Resi Saradéa pindah ka Gunung Arca nu ayana di deukeut Pasir Pendil, di kiduleun daérah Cijangkar.
Teu lila sanggeuna di samat, ieu Resi Saradéa datang. Manéhna cumarita “Wangsa Suta, lain dina jaman ayeuna, hidep kudu ngahiji jeung Nyi Pudak Arum tapi dina jaman séjén, saupama geus nepi kana ugana. Tapi hidep kudu ngadagoan nepi ka ugana datang, lamun saupama Gunung Parang geus pinuh ku imah sarta saupama Tegal Kolé geus jadi kota. Dina éta mangsa bakal aya wanoja nu nungtun masarakat nu keur katalangsara sabari gagedékeun haté wanoja nu ka nyenyerian ku salakina. Tah éta wanoja titisan Nyi Pudak Arum sarta éta mangsana hidep bisa ngahiji jeung  manéhna.”
Dina legénda Sukabumi, Wangsa Suta nu munggaran ngababakan Tegal Kolé tug nepi ka loba jalma nu bubuara ka ieu tempat. Satuluyna  nyarieun imah di ieu patempatan tug nepi ka jadi kotana. Wangsa Suta tetep ngadagoan, sabab kitu pokna ceuk Resi Saradéa “ yén ieu tempat bakal dibéré ngaran : resep cicing di imah (Sukabumi)”.
                   (Anis Djati Sunda)

Putri Caweni (Sasakala Sagaranten)
Baheula nalika Kabupatén Sukabumi masih kénéh leuweung geledegan. Kacaritakeun aya hiji putri turunan Pajajaran nu ngarana Nyi Rara Sanget nu katelahna Nyai Putri Caweni, nénéhna kitu sabab manéhna masih kénéh parawan atawa tacan kawin (caweni, gadis).
Numutkeun béja Nyai Putri Caweni nya éta nu ngababakan jeung nu ngadegkeun Sagaranten nu ayana di Kabupatén Sukabumi.
Nyi Rara Sanget nya éta saurang putri nu kacaritakeun geulisna kawanti-wanti, tug nepi ka loba jalma sarta gegedén nu kapincut ati kapentang asmara ku kageulisanana. Ku kituna  Nyi Rara Sanget loba baganti salaki nepi kana 40 kalina. Ieu hal lain ku sabab manéhna salingkuh atawa milampah kalakuan goréng sok komo nepi ka miboga sipat goréng mah tapi Nyi Rara Sanget miboga watak anu anéh nya éta, kabéh salakina tilar dunya saméméh malem panganténan.
Nyi Rara Sanget nandangan kasedih sabab kudu nyanghareupan ieu kaayaan. Hirupna dituturkeun kalangkang implengan nu matak nyeri kana haténa.
Dina hiji peuting nalika bulan purnama, Nyi Rara Sanget diuk dina luhur tangkal sempur. Hiliwirna angin peuting neumrag buukna nu ngarumbay, sakapeung nutupan pameunteuna. Teu jauh ti dinya, dina sisi jungkrang, hawar-hawar aya sora manuk cuhcur patembalan jeung sora sri gunting nu nyaruaan sora suling.
Nyi Rara Sanget mingkin ngarasa sorangan. Karasana asa mingkin peurih lir nitah indit ka nujauhna. Sora Sri Gunting lir ngajak sadar. Sadar ka Hiyang Widi, sadar kana papastén, sadar kana diri nu saberna. Tapi kasedih téh nuturkeun lir kalangkang nu sok waé nembongan. Nyi Rara Sanget teu boga tempat pikeun pakumaha. Mun inget ka palebah dinya, segruk waé manéhna ceurik, dirina miharep aya nu maliré ngaragap kana haténa.  
Taya tempat pikeun ngedalkeun eusi haté, nu aya ngan tangkal sempur. Nya didinya Nyi Rara Sanget ngedalekun eusi haténa, meureun boga pikir sugan jeung sugan ieu tangkal sempur bisa nampa kana naon anu keur dirasakeunana. Nepikeun kahayang ka balé pangaduan  Mandala Agung di kahiyangan.
Saliwat ku paningal batin Nyi Rara Sanget katempo aya jalma rurusuhan, ngusapan panggero sukmana. Tapi sanggeusna inget manéhna karak sadar yén nu tadi téh ngan saukur gerentés haténa wungkul. Nalika Nyi Rara Sanget keur dina kaayaan kitu, dadakan aya cahya tina tangkal sempur. Tapi teu lila éta cahya ngaleungit deui. Nyi Rara Sanget ngarasa sieun tapi karasana tenang kana haténa.
Nalika keur ngalamun mikirkeun éta cahya, dadakan aya bau nu kaaangseu matak nyegerkeun, dibarengan hiliwirna angin neumrag kembang bungur nu keur marakbak. Diangseu bauna lain tina kekembangan, tapi bau tina kemuning nya éta bau wawangian tina menyan Pajajaran Tengah.
Nyai Putri nganseu, ngararasakeun timana datangna éta seuseungitan. Pikirna tina jalma nu keur muja di gunung atawa dina jero guha. Tapi sanggeuna dirarasakeun éta seungit téh ngan ukur aya di sabudeureunana. Satuluyna Nyi Rara Sanget ngarapetkeun dampal leungeun tuluy diteundeun dina emun-emunan bari sideku diarakeun ka tempat nu tadi aya cahyana. Nyi Rara Sanget milampah sakumaha mistina, inyana apal yén cahya jeung seuseungitan tadi mangrupa totondén datangna karuhun Pajajaran. Inyana nyembah kana jasad nu teu nyata, kalayan ageman Sunda Pajajaran Tengah, nu dipikahormat ku inyana.
Nalika sumujud, inyana cumarita ngawilujeng sumpingkeun ka karuhun, manawa sareng manawi bilih boa aya carita jeung amanah.
Bareng jeung hiliwirna angin, aya sora taya jirimna.
” Nyi Rara Sanget, tong ceurik waé, éta soca karunya tos bareuh ku cimata.”
Nyi Rara Sanget nempo ka kénca ka katuhu, nempo sabudeureunana timana asalna éta sora. Teu lila kadéngé deui aya sora.
“Nyi Rara Sanget teu kudu nyiar éyang ka tempat nu jauh. Éyang aya didieu, teu jauh ti nyai.”
“Ké, Ényang téh saha?”
“Nyi Rara Sanget nu geulis, kiwari Éyang teu miboga ngaran,mun Éyang miboga ngaran meureun jeung jasadna. Nya kieu ari Éyang mah, teu saeutik nu nyebut Éyang téh jurig, sétan, ririwa jeung sajabana.”
“Keun waé Éyang, éta nu ngahina geus ninggalkeun kapercayaanana. Tapi meureun Éyang miboga ngaran mangsa Éyang jumeneng kénéh. Saha ari ngaran Éyang.”
“Nyai, mangsa Éyang hirup katelahna Resi, nya éta Resi Kalang Béntang.”
“Éyang, Éyang téh geus jadi karuhun?”
“Ngan ukur nyai nu nyebut Éyang karuhun, ngan Nyai nu nuturkeun kapercayaan agama Pajajaran nu katelah agama Sunda. Tapi geus loba nu ngahianat, saupama Éyang datang, biasana Éyang sok diusir ku babacaan mantra-mantra jeung sajabana.”
“Keun Éyang, mugya sagancangna maranéhna balik deui kana ageman urang, nu saéstuna ageman karuhun maranéhna ogé. Tapi ayeuna kumaha kaayaan Nyai, Éyang?”
“Nyai, Éyang moal datang kadieu, saupama teu apal saha nu ngageroan sabab keur kasusahan.”
“Énya Éyang, tapi dimana éyang saleresna? Nyai hayang patepung jeung Éyang. Cing témbongkeun wujud Éyang.”
“Nyai, lain tadi Éyang geus cumarita, yén Nyai teu kudu néangan ka tempat anu jauh. Sora Éyang ngan saukur bisa kadéngé ku ceuli Nyai. Jadi éyang ogé aya dina ceuli Nyai. Éyang tacan aya ijin pikeun némbongkeun manéh sabab tacan mangsana. Tapi éyang diijinkeun pikeun nyoara jiga ayeuna kieu. Kitu ogé teu lila.”
“Teu nanaon éyang, tapi kudu kumaha ieu diri téh. Hirup téh asa nyanghareupan ka susah waé.”
“Nyai, Éyang datang pikeun nepikeun talatah. Éyang apal yén ayeuna Nyai téh keur nandangan ka susah. Teu kudu sieun sok sanajan hidep geus ngarandapan 40 kali kawin, Éyang apal yén Nyai masih kénéh parawan.”
“Kumaha atuh ieu hirup téh Éyang?”
“Teu nanaon Nyai, laina hirup mah geus aya nu ngatur? Nya éta takdir geus ditangtukeun ku Hyang Widi. Lalampahan Nyai geus jelas jiga bulan purnama, geus dicaritakeun ku sora manuk cuhcur, yén Nyai miboga salaki lain di alam ayeuna, tapi éngké di alam carita.”
“Éyang saupamana kitu, Nyai ayeuna kudu maot heula?”
“Nyai, laina hirup téh ahir pikeun ngamimitian, sedengkeun mati nya éta mimiti pikeun ahir.”
“Satuluyna naon nu kudu dipilampah ku Nyai.”
“Nyai, lalampahan hirup Nyai béda jeung kahirupan wanoja séjéna. Sabari ngadagoan pisalakieun, hidep kudu ngabersihkeun éta awak. Aya pancén anu kudu dipilampah ku hidep.”
“Naon waé pancénana téh, Éyang?”
“Mimiti nu kudu dipilampah ku hidep nya éta ngababakan di ieu tempat. Keur cicing rahayat hidep. Sanggeuna kitu, hidep kudu tapa sangkan pisalakieun geuwat gancang datangna, nu sabenerna mapag hidep.”
“Dimana Nyai kudu tapa, Éyang”
“Di ditu di belah kulon, dina curug anu sanget. Tah didinya hidep tapa tug nepi ka mangsana datang.”
“Sanggeusna Nyai tapa, naha lila kénéh pisalakieun téh  datangna?”
“Disebutkeun lila, waktu mah bisa diitung, tapi disebutkeun sakeudeung angger masih kénéh lila. Sabab hidep kudu nyanghareupan heula hahalang anu geus ditangtukeun. Geus ayeuna mah tog loba pipikiran, leuwih hadé ayeuna mah geura tatahar pikeun ngababakan leuweung.”
“Ké heula Éyang. Kumaha rék ngababkan. Lainna Nyai téh ngan ukur awéwé masih kénéh budak jeung deui teu boga batur saurang-urang acan.”
“Nyai sik sanajan Nyai téh leutik kénéh, laina keur leutik Nyai téh pernah diajarkeun pikeun ngageroan mahluk gaib (aji pangendam waruga samar). Maenya hidep geus poho deui. Geura tatahar Nyai, sabab Éyang geus lila teuing nyarita jeung Nyai. Ngan saupama Nyai nyanghareupan kabingung jeung teu geunah haté. Geroan waé Éyang. Éyang maol lila pasti datang.”
“Mangga Éyang, tapi saméméh Nyai ………….”
Tacan bérés nyarita, dadakan hawar-hawar aya sora gumuruh, dibarengan angin ngagelebug tarik. Nyai Purti nuluykeun caritana.
“Saméméh Nyai ngababakan ieu leuweung, Nyai ménta pibakaleun ngaran ieu pakampungan. Lamun saupamana geus réngsé, naon ngarana Éyang?”
Patalékan Nyi Putri taya nu ngajawab. Nu kadéngé ukur sora manuk cuhcur nu matak keueung pikasieuneun. Nyi Putri teu apaleun yén bareng jeung sora gumuruh tur dibarengan ku gelebugna angin, Resi Kalang Béntang mulih ka alam taya ngarana.
Nyai Putri ngageroan, tapi taya jawaban. Ukur dijawab ku sora alam tengah peuting  di leuweung.
Ngarasa ditinggalkeun, Nyai Putri Rara Sanget ceurik jiga budak leutik. Inyana nyuuh dina tangkal sempur. Tapi sanggeusna inget deui kana pancén ti Rési Kalang Béntang. Karasa yén ieu pancén téh teu hampang. Tapi sok sanajan ngarasa wegah, inyana tetep lumampah pikeun tatahar nyanghareupan pancéna.
Singkat carita, ieu Nyi Putri geus réngsé ngababakan, nu baranggawéna dibantuan ku mahluk-mahluk ghoib. Numutkeun carita ieu mahluk ghoib ngajangélék jadi jalma sakumaha ilaharna. Nu jadi puun ieu lembur nya éta Nyai Rara Sanget.
Salila Nyai Putri jadi Puun di ieu kampung, inyana dipikanyaah ku masarakatna. Wibawana ngondang jalma pikeun dumuk di ieu lembur. Lila ku lila ieu lembur jadi kampung malah mingkin ramé ku pangeusina.
Dina kaayaan kampung keur tingtrim, Nyi Putri Rara Sanget inget kana pancén ka dua nu kudu dipilampah, malah ulah nepi ka henteu. Inyana kudu tatapa dihiji curug piekun mersihkeun diri, nya éta di Curug Dolog.
Sok sanajan beurat pikeun ninggalkeun rahayatna, tapi dalah kudu kumaha. Pancén kudu tetep dipilampah. Nalika hayam kongkorongok, inyana ménta pikeun dibarengan ku dua urang kokolot lembur. Teu lila kitu inyana indit dibarengan ku kokolot pikeun nepi kana éta Curug Dolog. Dua urang kokolot ieu ngarasa héran, maranéhna teu dibéjaan naon pamaksadan Nyi Putri. Rék nanya teu wani, nu atukna maranéhna nuturkeun naon kahayangna Nyi Putri.
Wanci manceran maranéhna nepi ka tempat anu di tuju. Nalika Nyi Putri nempo éta curug, inyana ngarasa sedih. Tapi ieu kasedih teu ditémbongkeun. Nempo Nyi Putri jiga anu keur sedih, atukna dua urang kokolot ieu jadi milu sedih, tapi éta kasedihna sarua teu ditémbongkeun. Nyi Putri ngarénghap, neuteup ka dua kokolot, tuluy maranéhna tungkul bari nahan kasedih.
“Lot, ayeuna geus nepi ka tempat anu dituju.”
“Muhun, tuluy naon atuh maksadna Nyai Putri ngajak kami ka ieu curug.” Ceuk salah sahiji nu pangkolotna, ngarasa héran.
Nyai Putri neuteup ka éta dua kolot.
“Dégngékeun ku duaan. Nyai ménta dianteur ka ieu tempat, sabab Nyai kudu milampah pancén ti karuhun.”
“Naon pancén Nyai Putri téh?”
“Kudu ngaberesihkeun diri ku cara tapa di ieu curug. Sangkan naon nu dipikahayang, bisa cumpon.”
“Numutkeun pamandegan kami, lamun saupamana bener-bener miboga kahayang, naha henteu disawalakeun di kampung waé. Maenya urang henteu bisa narékanana. Tapi naon nu dipikahayang ku Nyai Putri?” Ceuk nu pangkolotna.
“Lot, anjeun duaan geus kudu ngarti. Ieu kahayang teu kudu di sawalakeun, iwal ka anjeun duaan. Ieu urusan ulah jadi pikiran kabéhan nyusahkeun kabéhan mah.”
“Mémang kitu ari sakudunana mah, tapi laina Nyai Putri téh Pupuhu kampung. Anu tangtuna saupama Nyai susah, nu séjén ogé milu mikiran. Malah kudu sanggup nyanghareupanana.”
“Lot, éta ucapan némbongkeun kanyaah. Tapi ceuk kuring mah. Ieu hal geus ditangtukeun ku waktu. Digamarkeun ku jaman. Kuring kudu ngaberesihkeun diri, pikeun nuluykeun hirup kahareupna.”
“Leres, palebah éta mah. Naon salahna saupama kuring waé nu ngawakilan pagawéan Nyai Putri, sangkan ieu kampung teu kaleungitan pupuhu kampung. Asal Nyai Putri ngajéntrékeun naon nu kudu dipilampah.” Ceuk nu ngora, nyodorkeun diri nyanggupan pikeun ngawakilan.
“Lot, udagan kuring lain udagan aranjeun. Kitu ogé kahayang kuring lain kahayang aranjeun. Sok sanajan sarua tapi moal sarua cara pikeun ngahontal udaganana. Sabab lain jelema lain ogé kahayangna. Sok komo kuring téh wanoja? Sok sanajan kawani surupna lalaki tapi ari haté leutik mah anger wé awéwé. “
“Kuring rék tapa, rék ngadagoan pisalakieun nu sabenerna. Mémang geus kitu kuduna.”
“Nyai Putri, hampura kuring wawanianan tumanya. Tapi naha Nyai Putri néangan pisalakieun téh kudu tatapa. Padahal apanan teu saeutik nu baleunghar, katurunan para ménak. Maénya maranéhna bisa nolak Nyai Putri. Keun kuring anu ngondang arinyana.”
“Anjeun nya éta pangkolotna. Tapi umur wungkul nu kolot mah. Maenya teu ngarti kana katangtuan karuhun jeung takdir. Kuring geus sakuduna nurut kana béja nu dibawana. Kuring nganuhunkeun kana kasatiaan aranjeun. Tapi ké yeuh  déngékeun caritana.”
Ngadéngékeun carita Nyi Putri Rara Sanget, nu dipikolot éraeun dibarengan gagaro teu ateul kana sirah. Nu ngora mh cicing nagog bari cumeluk tungkul.
Nyai Putri nempo kana curug tuluy nempo kajauhna ka arah kampung. Tuluy neteup ka dua kokolot nu keur nagog tarungkul. Nyi rara sanget haténa gulinggasahan pikirana inget deui kalembur, ku inyana kabayang wangunan imah kusuhunan hateup jeung kiray. Cai ngocor ka unggal kulah.  
Dina kaayaan nu bingung tur teu pugug rarasaan, Nyai Putri Rara Sanget ngagero Eyang Resi Kalang Béntang ku paninggal batina. Tapi Éyan Resi Kalang Béntang teu nembongan.
Nalika kitu Kokolot nyarita, “Nyai Putri saméméh Nyai miang tatapa. Naon pi bakaleun ngaran pikeun ieu lembur urang. Bisi hiji mangsa pangeusi lembur tumanya. Maenya éta lembur teu miboga ngaran.”
“Nya heug ari kitu mah. Éta lembur dibabakan ku kuring bareng aranjeun. Numutkeun carita karuhun, harita mah éta lembur téh leuweung geledegan. Di éta tempat ogé Hariang Banga jeung Ciung Wanara ngadu jajatén. Kitu mun teu salah mah. Malah cenah mah, baheulana ieu tempat téh urut sagara. Tandana nya éta di ieu tempat loba karang jeung urut kerang dina unggal pasir jeung tegalan. Di ieu patempatan ogé loba nyampak inten tapi moal bisa dicokot saméméh ugana datang. Sangkan luyu jeung carita kolot baehula, éta lembur ku kuring dingaranan SAGARA INTEN.”
“ Mangga Nyi, tapi naha éta inten téh bakal bisa di cokot ayeuna-ayeuna.” Ceuk nu ngora.
“Sigananana mah, moal kajamanan ku aranjeun, sabab éta lembur kudu di kacaukeun ku jalma nu mangrupa monyét. Enkgé mangsana bakal aya sukma beureum, sukma beureum ieu bakal ngajadikeun kabéh nagara jadi beureum. Teu lila ti harita, sigana bakal datang mangsana.”
“Nyai, sok sajan umur kuring geus kolot tapi pangaweruh mah kurang sabab  pangalaman anu kurang. Sok sanajan éta lembur geus miboga ngaran, tapi saha nu bakal mimpin jeung nu jadi pupuhu pikeun éta kampung. Paménta ti kuring, sok  sanajan Nyai tapa keur néang pi salakieun, tapi ulah lila teuing.” Ceuk éta nu kolot bari ceurik jiga budak.
“Lila mah lain urusan kuring. Tapi nu pasti kuring kudu tapa tug nepi ka pisalakieun mapag kuring. Ngeunaan pamimpin, engké ogé bakal aya anu mimpin sarta bakal silih baganti. Kitu nu bakal ka alaman  ku aranjeu, da éta mah kahayang jaman.”
u ngora tangah tuluy carita,”Nyai kumaha saupamana lamun, kuring sakampung piligenti pikeun nungguan Nyai, nepi ka pisalakieun Nyai mapag ka ieu tempat.”
“Lot, teu kudu maksa. Lamun saupamana hayang apal, naon pangna ngan aranjeun duaan nu dibéré nyaho, nya éta ngarah nu séjén teu apaleun. Saupama nu séjén apaleun tangtu lalampahan kuring moal cumpon. Aranjeun diajakan sabab pikeun nuluykeun tapak kuring jeung pikeun ngabéwarakeun lalampahan kuring ka nulian.”
“Nya mun kitu kuduna, kuring teu bisa kukumaha. Ngan lamun Nyai rék lila tapana, kuring miharep sawaktu-waktu Nyai ngalongokan.”
“Heug mun éta paménta ti aranjeun mah, tangtu ku kuring bakal dicumponan. Sok sanajaan aranjeun teu méta, kuring geus aya implengan kana éta hal. Ngan nu kudu ku aranjeun dipikanyaho, kuring titip ngaran dina batu. Hiji mangsa kuring datang saupama aya nu ngagero. Tapi kuring ngan saukur nulungan ka jalma nu hadé lakulampahna jeung nu milampah kabiasaan karuhun. Aranjeun ogé kudu nyaho, yén kuring saurang wanoja nu kungsi miboga salaki 40 kali, tapi kuring masih kénéh parawan, sabab kabéhna tilar dunya saméméh malem panganténan. Lamun saupamana salembur ngagero kuring, sebut waé ngaran kuring PUTRI CAWÉNÉ,  kuring mo jauh ti nu ngabutuhkeun. Lamun saupama hiji mansa loba nu ngageuhgeuykeun ngaran kuring, tong sakali-kali nyeri haté. Keun waé jalma kitu mah tangtu engké ogé bakal aya anu ngaréngsékeun. Ayeuna meungpeung sarangéngé aya dina luhur embun-embunan, kuring rék indit milampah pancén kuring.”
“Nyai, ké heula. Sangkan kuring salembur teu salah dina nempo waktu nalika Nyai kawin jeung pisalakieun Nyai, naon totondéna pikeun kuring baléréa. Ceuk nu kolot.
“Heug atuh, pikeun totondéna nya éta nalika wahangan Dolog jeung Buni ieu ngahiji jadi hiji wahangan nu ngamalirna ka sagara kidul. Tepikeun talatah kuring ka jalama salembur.” Geus kitu Nyai Putri leumpang muru ka tempat deukeut curug.
Nyai Rara Sanget anu baganti ngaran jadi Putri Cawéné tuluy sideku nyembah sanggeus kitu tuluy diuk pikeun tapa.
Nyai Cawéné leungit kageulisanana. Leungit rupana Nyi Putri, leungit ogé jasad manusana. Tapi ngarana bakal tetep hirup. Nepika kiwari aya batu di deukeut curug Cidolog nu ngarana Nyai Putri  Cawéné. Bener jeung henteuna ieu carita, ngan sakitu ayana.
    (Manglé, No 471, taun 1974)

Muara Gede Leuweung Denuh
Kampung Muara Gedé atawa katelahna Mara Gedé nu ayana di Tegal Buleud. Sagaranten Jampang Tengah di beh kulon ngamalir wahangan Ci Kaso di beh kidul sagara samudra hindia jeung belah wétan aya leweung geledegan ngarana leweung denuh.
Numutkeun carita leuweung denuh asalna tina ngaran wanoja, nya éta Nini Denuh. Inyana lalampahan teu miboga udagan, tug nepika anjog ka hiji leuweung di basisir sagara kidul. Harita éta tempat tacan miboga ngaran jeung masih kénéh leuweung geledegan nu dicicingan ku sasatoan leuweung.
Di éta patempatan Nini Deniuh téh nyieun padumukan jeung mimiti pepelakan. Nu sakirana aya hasilna. Éta kebon di pager ku tangkal jambé. Tug nepi ka ayeuna éta tangkal jambé téh masih kénéh nyampak sarta numutkeun carita mah éta patempatan téh masih kénéh sanget.
Kacaritakeun anu ngageugeuh éta patempatan téh nya éta Éyang Prabu Kebo Dongkol. Ni Denuh di samat jeung di béré pangiuhan. Sabab éta patempatan tacan miboga ngaran, ku kituna dingaranan Leuweung Denuh atawa Mara Gedé. Cenah numutkeun jalama, éta tangkal mara téh sakapeung mah sok katempo sakapeung tara. Katelahna Muara Gedé sabab di éta patempatan bobojongna Cikaso ka sagara.
Harita muara gedé atawa Mara Gedé téh nya éta hiji pakampungan. Nu di eusian ku 20 suhunan imah. Nu unggal imahna dipager ku tanggal baradag jeung kai heuras. Kusabab éta kampung téh dikurilingan ku leuweung jeung sabangning sato leuweung.
Numutkeun carita, baheula mah di Mara Gedé, sok aya jalma anu digegel méong atawa buhaya. Nu jadi korbana nya éta nu anyar pindah, nu acan wanoh kana éta patempatan. Ku kituna aya sababaraha urang anu diangkat pikeun jadi pawang, nu bisa naklukeun méong jeung buhaya. Pikeun nulungan jalma di éta tempat. Kabéh jalma tuhu kana tetekon ieu pawang. Diantara laranganana nya éta:
1.      saméméh ci ibun turun teu meunang indit ka leuweung atawa ka wahangan. Saméméh surup panon poé kudu aya di imah.
2.      Jaman baheula ieu tempat ngan bisa dijug-jug ku cara naék parahu. Jalam teu meunang nyusur ieu wahangan.
Naon pangna loba jalma anu dumuk di éta tempat, padahal éta daérah téh kawilang sanget? Sabab éta daérah kawilang suburna. Naon waé anu dipelak tangtu jadi tur hahasilan. Ku suburna éta tempat, ngajadikeun loba jalma ti kampung séjén nu daratang ka ieu lembur. Anu daratang ka ieu lembur geus apal kana naon anu teu meunang dipilampah. Tapi ku sabab lobana jalma anu ngadon bubuara ka ieu tempat atukna mingkin loba ogé pangeusi lemburna. Cenah harita téh loba nu maot alatan ngareumpak larangan.
egal Buleud kungsi jadi kamantrén Sumber Jaya. Sumber Jaya miboga harti sumber kamakmuran. Pangna disebut Sumber Jaya sabab ieu tempat loba ngahasilkeun mangrupa-rupa tina hasil tatanén.
(Ukri Sumaatmaja)
 

Batu-batu Kinyang di Wahangan Cimerang
Kacaritekun sanggeusna mangbulan-bulan Nyai Putri Laran Pandan Layung kabur tina di  udagan musuh. Anjeuna anjog ka hiji daérah Gunung Buleud, nya éta tempat padumukan Panembahan Girang Madenda. Nempo kadatangan Nyi Puti, Panembahan Girang Madenda ngarasa bungah. Sabab duanana nya éta buronan tantara musuh. Sanggeuna nepikeun salam sakumaha anu sok dipilampah ku masarakat Pajajaran, tuluy Nyi Putri nyaritakeun lalampahanana.
“Pun Bapa geus tiwas, Éyang. Nyai meunang pituduh pikeun nepungan Éyang.”
“Tuluy kumaha maksduna Nyai?”
“Taya deui tempat pikeun ngiuhan, Eyang.” Indung jeung bapa geus tiwas duanana. Nyai hayang nuturkeun arinyana. Tulungan Éyang.”
“Nyai hayang ngilu ka alam baka?”
“Leres Éyang.”
“Hirup geus aya nu ngatur. Tong miheulaan kayang Hiyang Maha Tunggal.”
“Lain maksud pikeun bunuh diri. Nyai hayang tilar dunya salaku warga Pajajaran nu terhormat.” Ceuk Nyai Putri.
Sakedapan mah Sang Panembahan ngahuleng, ngimut ngimeutan éta omongan Nyi Putri Laras Pandan Layung, tuluy jasmedi pikeun ménta pituduh ka Hiang Maha Tunggal. Teu lila kitu, tuluy Panembahan Girang Madenda cumarita.
“Kieu Nyai. Urang teu bisa ngalawan kahayang Hyang Maha Tungal. Saperti datangna Nyai ka ieu patempatan, éta téh geus diguratkeun ku Hiyang Maha Tunggal. Anu kudu dipikanyaho, kahayang Nyai bakal cumpon, sabab ditatapakan ku rasa hayang babakti ka nu jadi idung bapa katut raja. Maotna Nyai tangtu moal sia-sia.”
Panembahan eureun cumaritana, tuluy nempo ka sakuliahna. Huma nu ngaplak dina sisi tegal pasir. Ngajadikeun éndah tetempoan. Teuteupanana eureun nalika nempo Nyai Putri nu keur ngadagoan omonganana.
“Jaganing geto, jasad Nyai bakal tilem, bakal mirupa sumber pakasaban rahayat. Sacara turun-tumurun maranéhna inget ka Nyai. Dina engké tatapa, Nyai kudu tuluy ménta ka Hyang Maha Tunggal sangkan naon anu dipikahayang bisa sumpon. Inget naon anu ku Éyang ditepikeun éta kalayan pituduh ti Hyang Maha Tunggal.”
“Dimana Nyai kudu tapa Éyang.” Ceuk Nyai Putri teu sabaran.
“Teu jauh ti ieu tempat”
“Nyai leumpang turun gunung. Lamun saupama engké Nyai manggihan wahangan leutik anu ngamalirna ka belah kulon. Tah didinya pisan Nyai téh tapana. Iraha Nyai bakal miangna?”
“Ayeuna kénéh Éyang. Tapi saméméh Nyai miang. Nyai titip pusaka nu jadi kolot sangkan teu milu tilem. Mugya Éyang teu nolak ieu titipan.”
“Naon éta téh, Nyi?”
“Ieu benten (beubeur), paméré pun biyang”
Nyai Putri Laras Pandan muka beubeurna, nu pinuh ku batu-batu kinyang. Sakedapan éta beubeur diilikan ku Ki Panembahan. Tuluy cumarita, “Lain Nyai, Éyang lain jalma nu pantes pikeun nyekel ieu barang. Paké waé ku Nyai. Hyang Maha Tunggal mikahayang Nyai nu makéna. Jung geura miang. Saupama Hyang Maha Tunggal mikayang, Éyang bakal nyusul ka tempat Nyai tapa.”
Sangeusna nepikeun nuhun kana pituduh ti Panembahan Girang Madenda. Nyai Putri miang ka tempat anu geus dituduhkeun.
Sanggeusna Nyai Putri Laras Pandan Layung nepi ka wahangan leutik nu ngamalirna ka belah kulon. Tuluy inyana mapay sisi wahangan tug nepi ka girangna.
Sanggeusna ménta widi ka Hyang Maha Tunggal. Tuluy  Nyai Laras Pandan Layung diuk dina luhur batu badag anu aya di tengah éta  wahangan, nya éta pikeun ngamimitian tapa.
Poé ka poé, bulan panggih bulan, teu karasa Nyai Putri geus sataun lilana tatapa di éta tempat. Dina hiji peuting nalika bulan purnama tembong taya aling-aling. Aya soara teu jirim rupa cumarita.
“Nyai geus kadéngé naon nu dipénta ku anjeun. Paménta anjeun bakal cumpon.”
Éta wangsit nu jirimna sora ti Hyang Maha Tunggal. Nu geus lila didadoaan ku Nyai Putri Laras Pandan Layung.
“Saméméh hidep ngahyang, inget ieu talatah. Benten nu ku hidep di paké bakal milu tilem bareng jeung raga hidep. Batu kinyang anu ngahias dina éta beubeur bakal anakan tina poé ka poé. Kitu kahayang alam. Tah, kiwari anejun tatahar, jasad anjeun bakal ditarima.
Teu lila kitu, éta sora ngaleungit. Nyai putri Laras Pandan Layung maca mantra-mantra satuluyna éta jasadna ngahyang tina teuteupan. Benten nu pinuh ku batu-batu kiyang tetep cicing dina batu tempat inyana tapa. Tapi cai wahangan nu asalana leutik jadi ngabadagan.
Panembahan Girang Madenda datang pikeun nyumponan janjina. Ngan nalika inyana nepi ka éta patempatan, kasampak cai wangan geus ngamalir badag. Inyana tuluy ceurik bari nyarita sorangan.”Anak incu kahareupna bakal nelah ieu Ci Merang, sabab ieu wahangan bakal méré kasejahteraan ka arinyana.”
Sanggeuna kitu, Panembahan Girang Madenda maca mantra, teu lila kitu jasadna ngahyang.
Nepi ka kiwari daérah anu kaliwatan ku ngamalirna wahangan Ci Merang mangrupa daérah subur pinuh ku pasawahan. Batu-batu anu aya  di éta wahangan CiMerang mangrupa salasahiji pakasaban pikeun masarakat di sabudeureunana. Kiwari kampung anu aya di sabudeureun  éta wahangan katelahna kampung Cimerang.
       (Ismail)

Lebak Cawéné
Dongéng Lebak Cawené masih kénéh carita sanggeusna Pajajaran Runtag. Lebak cawéné mangrupa hiji leuweung anu dilingkung ku gunung-gunung. Punten ngaran gunungna moal disebutkeun sabab masih kénéh sakral. Nu ayana di daérah Palabuan ngawates daérah Cibaréno Kabupatén Lebak, ngawates deui jeung kacamatan Kalapanunggal Kabupatén Sukabumi.
Naon pangna ieu tempat dingaranan Lebak Cawéné. Ieu tempat nya éta leuweung gongong sima gonggong, nu tacan kasaba ku jalma, ari lain jelema tukang apruk-aprukan mah. Ceuk éta dongéng cenah baheulana aya cawéné-cawéné ti Pajajaran anu ngaradon tapa didinya. Nya kitu guluyur carita kurang lagkungna.
Mangsa Prabu Agung Siliwangi badé mubus ka Nusa Larang, harita putrana nu katelah Putri Gandrung Arum pangais bungsu ti gareuhna Prabu Sliwangi anu ka -7 nya éta rakana Nyai Purnamasari. Harita Nyai Putri Gandrung Arum nyuhunkeun ijin ka ramana. Tisaprak ninggal kuwung-kuwung unduk tujuh, nu bijilna ti laut tuluy nutugna ka éta lebak, cenah éta kuwung-kuwung téh ngundak tujuh, hartina aya tujuh kuwung-kuwungna, tujuh lapis, lain tujuh rupa warnana tapi kumaha ilaharna kuwung-kuwung. Aya tujuh lapis kuwung-kuwungna. Nya kabita pisan ceuk Nyi Putri. Anjeuna moal kebat ngiring ka ramana, anjeuna badé tatapa waé, adeuk ngababakan di éta lebak. Nya ku Ramana diwidian. Ngan Nyai Putri Gandrung Arum nyungkeun widi karamana hoyong dibaturan ku tujuh istri atawa tujuh cawéné anu pada-pada sarimbag sareng pada-pada gaduh tanda, ieu tanda manrupa karang, nya karang anu gedéna sagedé siki béas. Nya karang dina naonana mah duka, pokona aya hiji ciri yén éta cawéné téh ngagaduhan karang sabab Nyi Putri Gandrung Arum ogé ngagaduhan karang.
Numutkeun carita ieu kahayang Nyi Gandrung Arum téh diwidian ku Prabu Siliwangi, pokna “Heug atuh Nyai, cig wé arék ngababakan mah, kalawan di lebak dinya ku ama rék dingaranan Lebak Cawéné. Lantaran aranjeun pisan anu ngabarabakan, sarta aranjeun masih kénéh cawéné, (masih parawan tacan miboga salaki).
Ayeuna urang balik kana hiji sélér dina carita Pajajaran nya éta carita dina mangsa Kalang Sunda makalangan. Dina waktu Kalang Sunda nyumputkeun Nyai Putri Puramasari di Gunung Sireum, manéhna kasasar katalimeng. Maon margina? Margi ninggali cika-cika anu sesah pisan diuber-uberna, nya ari brasna ka Lebak Cawéné téa, tapi harita mah tacan disebut Lebak Cawéné, harita téh Rakéan paamprok jeung Nyai Putri Gandrum Arum anu maksadna mah lein milari Nyai Putri, tapi kasasar nya dibagéakeun pisan ku Nyai Putri Gandrung Arum. Rakéan Kalang Sunda ogé ngarasa reuwas, teu nyangka Nyai Gandrung Arum ngababakan didinya. Naon margina? Margina Rakéan Kalang Sunda mah teu ngiring sareng rombongan Prabu Siliwangi tapi ngaping Nyai Putri Purnamasari. Jadi benten jalan, papalimpang jalan.
Sanggeusna dibagéakeun ku Nyai Putri Gandrung Arum, anjeuna ngadongéngkeun pamaksadanana pikeun tatapa di ieu tempat. Rakéan Kalang Sunda lajeng wakca yén éta palataran téh rék dipageran ku caringin salapan sareng ku kiara anu nyakra bumi, jadi moal kapanggih ku sakur jalma nu néangan. Sangkan ulah gampang teuing jelema nyaho kana enggon tatapa jeung ngababakan aranjeun, ku Kula rék dingaranan Lebak Cawéné. Kalawan arék dipager deui ku awun-awun di “Téja Wulung” naon margina sankan éta leuweung sok sanajan beurang tapi salamina bakal poék margi ku halimun. Jadi didinya mah bakal terus aya halimun. Nya kitu deui ceuk Nyai Putri.
“Heug atuh Rakéan ari arék dipageran mah nya sukur, kalawan ieu lebak téh rék dipénta dingaranan”.
Nya ku Rakéan ogé di sebut waé Lebak Cawéné. Saparantosna kitu Nyai Putri Gandrung Arum mageran kénéh, Nyi Putri Gandrung Arum sasauran.
“Sing saha nu hayang nyaho ka Lebak Cawéné, ngan ukur arinyana nu kawaris. Ari anu teu kawaris mah moal. Sedeng anu kawaris téa teu sadayana sakur, 1) budak angon; 2) anu disebut budak janggétan. Éta wungkul anu baris nyaho ka Lebak Cawéné téh. Saha-sahana mah duka. Sok sanajan éta anu kawaris, tapi lamun hayang asup ka Lebak Cawéné, tetep kudu dilawang sakéténg. Saha-saha anu henteu ngaliwatan lawang sakéténg, pasti kana sasabna.” Ceuk kolot anu terang kana Lebak Cawéné kudu liwat Lawang Sakéténgna nu miboga ciri. 1) tipalih kidul; 2) ti palih wétan; 3) ti palih kalér. Jadi saha-saha anu adeuk ka Lebak Cawéné taya ngaliwatan Lawang Sakéténg tangtu maol bisa asup.
Jadi ceuk cohagnana mah, Lebak Cawéné téh mangrupa leuweung geledegan, kiwari tacan kasaba ku sakur jelema. Engké jaganing géto pikeun pigeusan warisna urang pangawinan. Ari anu disebut urang pangawinan téh nya éta saperti di jaman Sukarno baheula aya anu ngarana Cakrabirawa. Di Pajajaran téh nya éta sapertos Cakrabirawana. Anu disebutna nya éta barisan Pangawinan. Éta barisan Pangawinan téh nya éta rahayat Pajajaran nu mundur jeung kalabur meuntas nalika runtagna Pajajaran. Cenah turunana aya di daérah Citorék Kabupatén  Lebak Rangkas Bitung. Malah nepi ka kiwari loba urang Citorék anu nareangan Lebak Cawéné. Malah dina taun 1964 upama teu lepat kantos urang Citorék nepangan Bupati Sukabumi, harita bupatina téh Pa Kudi, R. Kudi Suriadiharja. Upama teu lepat mah cenah nyuhunkeun, pajar cenah di daérah Palabuan Ratu téh aya leuweung anu katelahna Lebak Cawéné, nyuhukeun pikeun pilembureun, tapi harita henteu dipaparinkeun. Nya harita Puun Citorék anu katelahna Puun Madrayi ngarasa éra tug nepi ka tilar dunyana. Sabab éta ku rahayat alatan geus diémbar-émbar. Sedengkeun ku Bupatina teu dibikeun alatan aya hiji jalma anu kasasar, sasar ngawarugakeun Lebak Cawéné dina sateuacan mangsana. Éta ogé numutkeun katerangan ti rahayat Minda Kalangan.
Lajeng sakur anu néangan Lebak Cawéné nepi ka kiwari taca aya anu manggihan. Jadi hartina isuk jaganing géto LebakCawéné téh tetep mangrupa warisan urang Pangawian, nya éta anu tadi disebatkeun yén kiwari masih kénéh aya turunan-turunanana nya éta urang Citorék  Gunung Kendeng. Tapi Lebah mana mah, dugi ka kiwari tacan kasaba, kulantaran hésé disabana lamun henteu boga sadu muhungna (mantrana), upama ka luar nagri mah kudu aya pasporna. Nu ngan bisa asup ka Lebak Cawéné téh nya éta Rakéan Minda Kalangan jeung duka saha deuina. Nya mudah-mudahan nu séjén ogé bisa apal kumaha Lebak Cawéné.
                    (Anis Djati Sunda)

C.    Babad
Carita Palabuanratu
Numutkeun carita pantun Bogor mah, Palabuhan Ratu diadegkeunana nya éta ku Nyai Ratu Puun Purnamasari nu katelahna Nyai Putri Purnamasari putri bungsu ka tujuh Prabu Agung Siliwangi nalika anjeuna jeneng jadi pangawasa di Pakuan Pajajaran Tengah. Naon pangna disebut PajajaranTengah? Numutkeun pantun Bogor disebut Pajajaran Tengah nya éta Sukabumi, Cianjur sarta Palabuhan Ratu. Saétuna anu disebut Pajajaran Tengah téh aya lima. Tapi pikeun saheulaanan mah keun waé ulah waka diguar, nu utama mah ieu heula.
Nyai Ratu Puun Purnamasari dina ngababakan Palabuhan Ratu saéstuna mah heunteu niat ti angalna. Kabeneran nalika Pajajaran Tengah keur dibuburak ku Banten, Demak, jeung Cirebon. Runtagna Pajajaran téh dina serangan anu ka tilu kalina. Nya éta sanggeuna Banten meunang bantuan ti Cirebon jeung Demak. Dina éta serangan, Prabu Siliwangi jeung sadaya rahayatna di Bogor marubus maur ka béh kidul.
Harita Prabu Siliwangi boga pamaksadan arek meuntas ka Crismast Island (pulo Shr.) harita mah katelahna pulo Nusa Larang. Tapi disagedengeun éta kalabur, ieu masarakat téh kabagi-bagi. Aya anu satuluyna ngilu ka Prabu Siliwangi, aya anu ngilu jeung nu séjéna, aya ogé nu pasrah. Harita anu nepi ka daérah Palabuan Ratu diantarana nya éta Nyai Putri Purnamasari bareng jeung salakina nya éta Radén Kumbang Bagus Sétra, nu harita mah keur papanganténan kénéh. Nalika lalampahan ka Palabuan Ratu, Radén Kumbang Bagus Sétra salakina Nyi Putri Purnamasari tilar dunya alaran tigebrus kana taneuh. Nya kira-kira di sabudeureun daérah Bantargadung.
Dina waktu harita Nyi Putri Purnamasari téh aya mikahayang pikeun dijadikeun garwana, malah Nyi Putri nepi ka di uber-uber sagala, manéhna nya éta Jayaanté Mantri Majeti di Pajajaran. Dina mangsa harita téh aya Puragabaya anu katelahna Rakéan Kalang Sunda. Nya harita pisan Nyi Putri téh disalametkeun ku Rakéan Kalang Sunda, nu kenging wawadi ti Ki Léngsér yén Putri Purnamasari geus kakandungan ti Radén Kumbang Bagus Sétra. Jayaantéa tetep nguber-nguber Nyi Putri, tug nepi ka Gunung Jayanti nu ayana di daérah Bagbagan, saméméh Palabuhan Ratu saupama arahna ti Sukabumi.
Nyi Purti Purnamasari meuntas Cimadiri ka béh kidul. Di éta tempat anjeuna ngababakan anu katelahna Babakan Cidadap (tapi lain Cidadap anu kiwari aya di Palabuhan Ratu, upama ayeuna Cidadap anu katelahna Bojongkopo),tah lain Cidadap Bojongkopo tapi Cidadapna ayana antara Walungan Ci Mandiri jeung urut walungan Ci nyosok, kira-kira di lebah dinya Cidadap ayana. Di sabudeureun Mariuk nepi ka Babakan Lebu. Ngan walungan Cidadapna kiwari mah geus taya sabab geus kasaeur jadi palataran nu kiwari dijieunan imah sarta sungapan Cidadapna ogé teu jauh tidinya nya éta anu jadi Sumber Loa.
Éta ogé Sumber Loa dibabakanana ku Nyi Putri Purnamasari jeung Rakéan Kalang Sunda, lila ku lila ieu patempatan jadi ngagedéan tug nepi ka jadi lembur geus lembur jadi kampung. Malah tisuklahna – ti siklukna dararatang nya atukna ieu tempat katelahna Palabuhan Nyai ratu. Anu dimaksud Palabuhan Nyai Ratu lain hartina tempat labuhna nyai ratu tisolédat, tapi balabuhna Nyai Ratu Purnamasari. Nyi Putri di angkat jadi Ratu Puun. Saupama ayeuna mah  Puun téh nya éta lurah, biasana urang Baduy masih kénéh ngagunakeun kekecapan Puun. Nya kitu, di ieu tempat Nyi Putri katelah jadi Nyi Ratu Puun. Palabuhan sorangan katelah ogé Palabuan Nyai Ratu, kitu numutkeun pantun bogor mah.
Ari Jayaantéa kamana nguber-nguber saleresna. Mangsa lembur kakara ngadeg saung Nyi Puun Ratu sareng Rakéan Kalang Sunda. Harita Jayaantéa rék nepungan Nyi Putri. Sanggeuna kapaggih raratanana ku Jayaantéa, der baé paséa jeung Rakéan Kalang Sunda nya éta di Karang Pamulang tutugan Gunung Jayanti , didinya satarikna, éta nu ngarana Jayaantéa dibantingkeun ka laut. Cenah ieu tempat kiwari ngarana Jayanti, nya éta tina Jayaantéa nu satuluyna katelah Jayanti. Sabab hésé nyebutkeun Jayaantéa, jadi Jayanti. Kitu kurang leuwihna éta carita.
Sampeur carita papagkeun nu nyarita, yén ieu tempat anu di babakan téh jadi geus leuwih ramé, malah nepi ka tangkulak jeung kajojo ti cina sagala. Raména ieu lembur sanggeusna Nyi Puun Ratu ngababarkeun putrana. Tuluy si utun téh dingaranan Nyi Putri Mayang Sagara Pamulangan. Numutkeun caturangga isuk jaganing géto Nyai Putri Mayang Sagara baris katelah Nyi Ratu Kidul. Jadi Nyi Putri Mayang Sagara téh miboga wilayah nu ngawengku, tapelwates jeung Cianjur Kidul kurang leuwih ti basisirna nepi ka Tanjung Panto sarta Buniangeun di Banten Kidul. Numutkeun kana caturangga mah éta kakawasaan Nyi Putri Mayang Sagara.
Kiwari, naon pangna Palabuan Ratu henteu di Cidadap atawa henteu di muara Cimandiri. Sabab sanggeuna Nyi Ratu Puun tilar dunya, tuluy dimakamkeun di éta patempatan nu katelahna Kiara Papak. Harita kalungguhan dipasrahkeun ka Nyi puti Purnamasari, lila di Cidadap taya dangiangna éta patempatan ditinggalkeun Nyai Ratu Purnamasari. Satuluyna éta pakampungan tuluy dialihkeun ku para sesepuh kampung ka tempat nu kiwari nelahna Palabuan Ratu. Jadi Palabuhan Ratu mah nya éta  sesebutan ti urang Cidadap. Anu timana timendina hartina angger balabuhna nyi ratu téa atawa Nyai Ratu Puun Purnamasari.
          (Anis Djati Sunda)


D.    Pieunteungeun
Kardun
Kacaritakeun di hiji daérah nu ngarana Cibusang aya saurang jalma beunghar nu ngarana Kardun. Manéhna pangbeungharna di étakampung sabab karak meunang harta warisan ti indung bapana nu anyar tilar dunya. Ieu warisan mangrupa sawah mang héktar-héktar, kebon palawija jeung munding lima.
Kardun pakasabanana nya éta patani, unggal saminggu sakali manéhna ngajual hasil tatanéna ka kota. Kardun miboga sipat resep balanja, barang beuli barang-bgarang anu tacan dipimilik ku jalma nu aya di lemburna. Warga kampung Cibusang nganggap Kardun jalma royal beuki barang beuli. Ari Kardun mah ngarasa gumbira saupama meuli barang nu tacan dipiboga ku nu lian.
Hiji mangsa Kardun indit ka kota. Niatna pikeun balanja kaperluan sapopoé. Salian ti balanja, Kardun nempo kahirupan urang kota. Nempo jalma maké raksukan nu garinding sarta lar sup ka toko pikeun balanja. Kahirupan kota memang taya eureuna, ti isuk nepi ka isuk deui. Réstoran pikeun ngawadang pinuh ku jalma nu barang beuli. Harita Kardun inget ka lemburna, inget ka para patani nu gawéna ti isuk metung nepi ka beurang mentrang tapi angger hahasilana saeutik. Nu kabayang ku manéhna di lembur mah hésé néangan duit. Sok komo aya tempat hiburan samodél di kota aya film bioskop dalah layar tancep gé sataun sakali.
Tukang dagang di kota dagangna gararenah, kari cicing, ngadagoan anu meuli. Béda jeung manéhna, anu kudu ngajugjug heula saupamana arék ka kota téh, barijeung beberengkes mawa hasil tatanén. Kitu ceuk pikir Kardun mah. Disangkana hirup di kota téh genah, merenah, tumanimah. Teu capé gawé tapi hirup senang. Tidinya mimiti Kardun boga pikir hayang cicing di kota sabari dagang.
Sanggeusna dipikir-pikir, atukna Kardun ninggalkeun desa Cibusang rék indit ka kota. niatna taya lian nya éta hayang usaha di kota. Kabéh pakayana tina warisan dijual pikeun modal di hirup di kota. Ieu hal tanggtu ngajadikeun masarkat desa Cibusang tumanya. “Kunaon harta warisanana dijualan?” Kardun ngajawab “Engké gé nu dijual mah bakal kagantian”. Numutkeun itunganana, engké sanggeus usahana di kota manéhna bakal gancang beunghar. Ku cara kitu , manéhna bisa meuli deui pakaya nu ayeuna di jualan.
Saminggu kahareupna Kardun pindah ka kota tuluy manéhna ngamimitian dagang. Tapi naon nu baheula dipikirkeun gening béda jeung kanyaataanana. Sabab Kardun teu apal ku maha carana dagang di kota. Dina ngalakonan dagang manéhnana mah masih kénéh jujur. Tangtu sikap samodél kitu teu luyu jeung kabiasaan di kota nu garesit. Dagang di kota mah kudu gesit jeung kudu bisa nempo kaayaan.
Kusabab Kardun mah teu apal élmu dagang dikota. Nya tangtuna waé, dagangna nandangan rugi. Saeutik-saeutik barangna ngurangan anu atukna bangkrut. Pikeun nyumponan pangabutuh sapopoé kapaksa manéhna ngajual imahna. Tuluy ngontrak imah nu murah. Tapi sok sanajan kitu, angger wé kabiasaan hayang cara urang kota mah teu dileupaskeun. Teu lila kitu, pakayana béak taya nu nyésa sabab dipaké senang-senang waé. Atukna manéhna malarat tuluy balik deui ka lemburna.

E.     Parabel
Hordah
Kacaritakeun dina jaman baheula di hiji lembur aya kulawarga nu miboga saurang budak awéwé nu geulisna kawanti wanti. Ngarana nya éta Nyi Iteung. Teu saeutik lalaki anu ka gégéloan ngajak kawin ka manéhna, nepi ka daratang ka imahna. Tapi unggal nu datang sok ditolak waé ku Nyi Iteung.
Dina hiji poé, aya jajaka nu datang ka imah Nyi Iteung. Ieu jajaka ngarana si Kabayan. Sanggeusna ngetok panto tuluy uluk salam. Teu lila Kabayan dititah asup kajero, manéhna diuk dina korsi di tengah imah.
Harita anu nyanghareupan Kabayan téh nya éta abahna Nyi Iteung. Abah Nyi Iteung tumanya.
“Naon pamaksadan ujang kadieu?”
“Maksud kuring kadieu téh, nya éta badé ngalamar Nyi Iteung” ceuk Kabayan tog  mol.
Ngadéngé kitu, Abah Nyi Iteung rada reuwas. Teu lila tuluy nyarita deui. “Punten Jang, Nyi Iteung téh bakal dikawinkeun ka jajakan nu apal kana masalah.” Masalah anu dimaksud didieu nya éta masalah agama.
“Tong keueung bah, kurung jalma ngarti masalah” ceuk Si Kabayan gancang ngajawab.
Ngadéngé kitu, Abah Nyi Iteung ngarasa bungah. Pikeun ngabuktikeun bener jeung henteuna omongan Si Kabayan. Tuluy Abah Nyi Iteung tumanya, “Saupama kitu, engké di lembur sabeulah bakal aya pangajian. Urang tolaban ka ditu. Engké Jang Kabayan kudu ngajelaskeun, masalah naon nu ditepikeun dina éta pangajian”
Kabayan sapuk kana éta paménta. Isukna pasosoré Kabayan jeung Abah Nyi Iteung, babarengan indit ka tempat pangajian. Saméméh asup ka kampung, maranéhna ngaliwatan gardu ronda nu aya di gapura kampung. Sabot kitu, aya saurang jalma nu tumanya, ”
“Hordah! Arék kamana?”
 “Ka tempat pangajian” Ceuk Kabayan, ngajawabna cekatan. Sanggeus kitu lalapahan dteruskeun deui.
Teu lila kitu, Abah Nyi Iteung tumanya “Masalah naon hordah téh jang?”
“Bogo” ceuk Kabayan ngajawabna cekatan. Teu lila kitu, tuluy leumpang deui. Teu lila Abah Nyi Iteung tumanya deui.
“Jang, kumaha kitu ari warnana bogo?”
“Beureum jiga pucuk daun karet” ceuk Kabayan ngajawabna cekatan.
Abah Nyi Iteung mingkin panasaran kana kapinteran Si Kabayan. Ungal di tanya aya waé jawabeunana téh. Saméméh nepi ka tempat anu di tuju, tuluy Abah Nyi Iteung tumanya ka Si Kabayan, “Jang ari bogo téh ngeunah?”
“Ngeunah sabab bogo téh manuk” ceuk Kabayan cekatan ngajawabna. Atukna Abah Nyi Iteung ngarasa éra ku Si Kabayan. Sabab unggal ditanya bisa wé ngajabanana téh. Abah ngaku, yén Kabayan nya éta jajaka anu cocog pikeun pisalakieun Nyi Iteung. Tuluy pok nyarita “Jang, ieu lalampahan teu kudu dituluykeun. Cukup nepi ka dieu, sabab ujang nya éta jalma anu bener-bener ngarti kana masalah.”
Nya teu lila ti harita Nyi Iteung dikawin ka Kabayan. Kalayan péstapora nu pohara raména.

Sop Wortel
Bapa jeung Ma Ésih katélah salaku patani nu leukeun pisan. Kebona pinuh ku sabangsaning sayuran jeung tangkal buah. Arinyana ogé miara hayam, tug nepika tina hasil tatanén jeung tina hayam geus nyukupan pangabutuh sapopoé. Salaki pamajikan ieu dipikawanoh hadé budi. Sok tutulung ka jalma nu ngabutukeun.
Hiji wangsa aya Wadana bareng lurah ngalongok ka ieu lembur. Wadana ngarasa sugema kana tatanén nu dilakonan ku ieu masarakat. Sok komo nalika ninggali kebon aki jeung Ma Esih. Ieu Wadana cumarita yén cara nu dilakonan ku aki jeung Ma Esih perlu dipiconto Ku balaréa. Tawis katineungna Aki jeung Ma Esih di ondang ka imahna Wadana di kota.
Sababaraha poé kahareupna, ieu salaki pamajikan téh indit ka kota. Inditna ka imah Wadana sabari barangbawa hasil tatanéna. Bu Wadana geus nyaho ti Wadana ngeunaan alus budina aki jeung Ema Esih. Satuluyna aki jeung Ma Esih di jamu ku kadaharan kota.
Nalika ngawadang, Bu Wadana nyuguhkeun deungeun sangu, diantarana nya éta sop. Ieu sop di perhatikeun ku aki jeung Ema Esih. Naon pangna sabab rasana ngeunah. Tuluy éta sop ditelek telek,  dijora aya daging diteukteukan, tuluy aya sayur warnana konéng. Ceuk pikirna éta sayur anu warna konéng téh nya éta konéng. Harita aya pikir Arék ditanyakeun tapi kapegung ku rasa éra, ku kituna teu ditanyakeun.
Sangeusna balik ti imah Wadana, ieu Aki jeung Ema Esih miboga pikir pikeun nyieun pasakan nu sarua. Teu lila tuluy ngala konéng ti kebon sarta meuncit hayam pikeun dagingna. geus konéng jeung daging diteukteukan tuluy dipasak, sanggeusna asa tuluy diasaan, tapi rasana béda jeung nu di imah Wadana. Lain ngeunah tapi kalah konéng kana huntuna. Pasakan anu aya di imah Wadana mah, caina ogé hérang tapi anu ieu mah kalah konéng. Sanggeusna kajadian éta, Aki jeung Ma Esih sapuk pikeun datang deui ka imahna Wadana, maksudna pikeun tumanya ngeunaan éta sayur.
Satepina di imah wadana, pérélé waé kajadian kamari di caritakeun ku Aki jeung Ma Esih. Ngadéngé éta carita, atuh puguh Bu Wadana teu kuat hayang seuri, tapi kapaksa seurina ditahan sabab bisi ngajadikeun Aki jeung Ma Esih kasinggung. Bu Wadana ngajelaskeun yén anu konéng dina sayur sop téh nya éta wortel.
Balikna ti imah Wadana, ieu Aki jeung Ma Esih di bekelan wortel, malah mah jeung bibitna sagala. Maklum harita mah wortel téh tacan lona dipikawanoh jeung tacan loba anu melak samodél di kampungna Aki jeung Ma Esih.

Share:

0 comments:

Post a Comment

Translate

Powered By Blogger

VIEW

Blog Archive